Khutbah Jumat Tentang Kemarau Panjang

Masirol Muslimin.

Puji rawuh sukur urg sami2 panjatkeun ka Allah anu maha wlas asih. Anu teu pernah liren ngalimpahkeun nikmatna ka urg sadaya.




Tina setiap renghap manrupikeun karunia.
Detak jantung urg mangrupikeun rahmatna. Bahkan lengkah urg ka ieu masjid mangrupikeun panggilan kanyaahna.

Solawat miwah salam mugia salamina tetep tercurah ka jungjunan urang sadaya yakni nabi muhammad Saw. Jalmi anu paling mulia.

Anjeuna anu teu sekedar ngajarkeun cara ibadah wungkul. Tapi ngajarkeun cara silih pikacinta . Silihampura sareng saling pikanyaah.
Mudah2an urg termasuk jalmi anu istiqomah ngajalankeun sunnah na dugia tiasa di kempelkeun sareng anjeuna dina surga na Allah Aamiin.

sim kuring sebagai khotib sanes mangrupikeun jamli anu suci. Sanes anu pangsolehna atanapi anu langkung pinter tinu sanes. Tapi ieu mangrupikeun amanah dina rangka nymponan rukun ibadah urang dina jumaah nu ayeuna. Ku kituna sim kuring umajak ka sadaya hayu urg sami2 ningkatkeun ka taqwaan ka Allah SWT taqwa anu saleres2 sesuai tuntunan mantena.

Hadirin rohimakumulloh.

Dinten ieu urg aya dina tengah musim anu panyang. Di mana taneh raretak. Jukut garing. Sumur oge mulai orot. Sawah ngantosan cai seakaan langit nahan caina.

Urang ningali awan mendung. tapi hujan acan lungsur.
Urang dangah kaluhur tapi hayu urang taros ka diri urang pribadi panginten sanes langit nu tebih. Tapi boa urang anu jauh ti Allah.

Panginten sanes hujan nu teu daek turun. Tapi hate urang nu jarang nunduk sareng ngrendahkeun diri di hadapan Allah.

ALLAH parantos ngadawuh din Al quran.

Fakultus tagfiru robakum. Inahu kana gofaro. Yus siLisama'a alaikum midroro.

Maka kami nyarios ka kaum.maranehna.
Gera nyuhunken hampura ka pangeran anjeun.
Maka anjeuna (allah) bakal nurunkeun hujan anu ti langit ka aranjeun Qs. Nuh ( 10-11)

Nabi nuh A.S. hnetu saukur ngajarkeun umat na nyungken hujan. Tapi anjeuna ngajarkeun istighfar.

Sabab ketika langit garing. Anu di basehan sanes ukur taneh. Tapi hate urang ku cai soca nu nangis karna tobat.

Sakumaha dwauhan Allah.

WA'ANISTAGFIRU ROBAKUM. SUMA TUBU ILAIH.
Yuma ti'kum mata'an hasana. ila ajalim musamii.

Pek nyungkeun ampun ka pangeran aranjeun. Teras tobat kamantena. Maka anjeuna Allah bakal masihan kanikmatan anu sae ka anjeun dugi kana waktu anu tos di tangtukeun.

Panginten urang sibuk nyungken Ya Allah lungsurkeun hujan.
Tapi hilap kana nyungken di hapunten tina dosa.

Hadirin rohimakumulloh.

Musim panas panginten janten pangemut kango urg yen cai mangrupikeun nikmat. Udara mangrupikeun nikmat taneh subur sareng hujan eta nikmat anu ageung pisan ti Allah.

Sakumaha dawuhananan.

APARO AITUMUL MA'ALADZI TASROBUN. A'ANTUM ANJALTUHUMINALMUJNI AMNAHNUL MUNJILUN.

Naha pernah anjeun merhatikeun cai nu ku aranjeun inum. Naha aranjeun anu nurunkeun na ti awan. atawa kami anu nurunkeun eta cai?
: Al waqiah (68 - 69)

Dina ayat nu sanesna

WAHUALADZI YUNAZILUL GHOISA. Mimba'di maqonatu. Wayansuru rohmatahu.

Anjeuna Allah anu nurunkeun hujan. Saparantosna maranehan nana putus harepan.Kalayan nyebarkeun rahmatna.

makna Kalimat Al Ghoisa.
Nyaeta hujan anu datang sebagai pitulungna.
Ku kituna urang tekenging putus asa tina rahmat Allah.

Ku seeur istighfar sareng ngadoa anu sakumaha anu di contohkeun ku kanjeng nabi.

Alloh humasqinal ghoisa 3x


Hadirin rohimakumulloh.

Saparantos mulang ti ieu masjid. Hayu urang sami2 sanes ukur sekedar nyanak doa nyungken hujan. Tapi oge nyanak hate nu nyuhnekn ampun sarwng tobat.

Margi hujan anu ku urang di pikabutuh sanes ukur anu ngabasehan taneh. Tapi oge cai rahmat na anu ngabasuh hate urang anu kotor.

Taneh garing tiasa baseh ku turuna hujan.
Tapi hate nu kotor moal tiasa bersih sanaos hujan u gal dinten.

Maka hayu urang basehan lisan urang ku istghfar.

Mugia Allah henteu ukur nurunkeun hujan ti langit. Tapi oge nurunkeun rahmat na ampunan nana ka bumi urang. Kalayan masihan kaberkahan kana rezeki urang. Sareng maparin katenangan kana hate urang.

Mudah2an Allah ngangkat ka susah urang. Ngahapunten sadaya dosa urang. Sareng nurunkeun hujan anu pinuh rahmatna. Sanes hujan anu nimbulkeun musibah.

ALLOHUMA AGISNA 3X
Lebih baru Lebih lama