Hadirin rohimakumulloh. Puji sareng sukur hayu urang sami2 panjatkeun ka Aloh robun gofur.
SolawT miwah salam mugia tetap tercurah ka baginda jungjunan alam yakni habibana wanabiyana muhammad SAW.
Sim kuring asma khotib muhasabah diri pribadi oge umajak ka sadayana.
Hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sarta kataqwaan ka Allah SWT. Iman srg taqwa anu diwujudkeun dina amal nyata supados urang sadaya aya dina kabagjaan hirup dunya sareng akhérat.
Hadirin..
Simkuring asma hotib umajak ka sadayana muhasabah atanapi tadabur alam.
Sakuma ka uningan ku urang sadayana sababaraha waktos nu kalangkung. Urang ningal kajantenan penomena alam seperti longsor, banjir gempa sareng hal anu sanes na.
Anu ternyata eta sadaya kajantenan teh terlepas memang mangrupikeun takdir Alloh.
Tapi alloh SWT nakdirkeun kana hiji perkara salah sawiosna karna akibat prilaku manusa
Ngalakukeun karusakan demi ke untungan pribadi tanpa nga perdulikeun sebab akibatna.
Sakumaha dawuhan Alloh dina Al quran.
Audzubillahiminasaiton nirojim.
ظَهَرَ الْفَسَادُ فِى الْبَرِّ وَالْبَحْرِ بِمَا كَسَبَتْ اَيْدِى النَّاسِ لِيُذِيْقَهُمْ بَعْضَ الَّذِيْ عَمِلُوْا لَعَلَّهُمْ يَرْجِعُوْنَ
Parantos jelas kerusakan di darat sareng di laut disebabkan ku perbuatan tangan manusia;
Eta supaya maranehna saur Alloh ngarasaken (akibat) tina perbuatan dirina sorangan, supaya maranehna sadar balik (ke jalan yang benar).
Maka didieu jelas terjadina sebagian musibah teh di antawisna akibat tina kasarakahan sebagian pihak anu ngeruk tanah ngababad tatangkalan
Dugikeun ka teu aya deui tempat tropis anu nyaring curah hujan kana taneuh sareng penguapan anu teu ka tahan.
Bahkan saur BMKG curah hujan dina sasih2 kamri manrupikeun penomena Siklon Tropis Senyar.
Anu hartosna curah hujan anu kedah namah kango sabulaneun. Tapi ku Alloh di tamplokeun di sakalikeun dina waktu sahari.
Saparantosna eta, panasna luar biasa.
Di antara sebabna nyaeta hilangna sumber tropis di daratan nyaeta seperti tatangkalan ku sabab seep di babad.
Maka ku kituna hadirin dina agama islam saleresna aya aturan pikeun urang ngamumule lingkungan.
Urang di parentahkeun ngajagi alam urang tina karuksakan di antawisna ku giat pepelakan hal naon bae anu manfaat pikeun urang sadayana.
Mugia Alloh swt ngajantenkeun urang sadaya termasuk jalmi anu midamel kasaean. Sanes ka golongkeun jalmi anu midamel karuksakan. Naudzubillah
mudah2an musibah anu tumiba ka kaum muslimin. Eta sing janten kafarat tina dosa sadayana. Sareng pikeun di angkatna darajat tina kasabaran nana.
Aamiin.
