Hadirin Jama’ah Shalat Jum’at Rahimakumullah.
Sadaya puji kagungan Allah Swt. rahmat sareng kawilujengan mugi disanggakeun ka Kanjeng Nabi Muhammad saw.,
ka kulawargina, ka para sahabatna, dugi ka sadaya umatna.
Salajengna khatib wasiat ka pribadi husna, oge kasadayana, mangga urang sasarengan ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan ka Allah Swt.,
kalayan dibuktoskeun ku nyeueurkeun amal kasaéan dina sasih Dzulhijjah.
Hadirin Jama’ah Shalat Jum’ah Rahimakumullah.
Alhamdulillah, kalayan karunia Allah, urang sadaya dipaparin nikmat panjang yuswa, dugi ka tiasa tepang deui sareng dinten Jum’at munggaran dina sasih Dzulhijjah.
Numutkeun Ibnu Manzhur dina kamus Lisānul ‘Arab, Dzulhijjah téh diwangun ku dua kecap: nyaéta Dzu anu hartosna ‘miboga’, sareng Al-Hijjah anu hartos ‘ibadah haji’.
Janten sacara basa, Dzulhijjah téh hartosna ‘sasih anu miboga ibadah haji’.
Ku kituna, para ahli sajarah nganamian sasih dina Dzulhijjah téh jalaran ti jaman kapungkur kungsi urang Arab tos ngamulyakeun ieu sasih ku cara ngalaksanakeun ibadah haji ka Baitullah.
Ieu ngabuktikeun yén sasih Dzulhijjah téh sajabi kelebét kana sapalihna Asyhurul Hurum (sasih anu suci tur dimulyakeun), ogé kagungan kautamian sanésna, diantawisna:
Kahiji, (Ayyāmun Maqsuma Bihā). Maksadna, sapuluh dinten munggaran dina sasih Dzulhijjah mangrupikeun waktos anu diunggeulkeun dugi ka dianggo sumpah ku Allah Swt. Dina surat al fazr.
وَالْفَجْرِ وَلَيَالٍ عَشْرٍ
Anu dimaksud layalin ‘asyr (peuting sapuluh) dina eta ayat, numutkeun Ibnu Abbas anu dicutat ku Imam Ibnu Katsir dina tafsir Al-Qur’an, Adhim nyaéta sapuluh dinten munggaran dina Dzulhijjah.
Kadua, أَحَبُّ الْأَيَّامِ إِلَى اللهِ (Ahabbul ayyāmi ilallāh). Maksadna, sapuluh awal Dzulhijjah téh mangrupikeun waktos anu kalintang dipikacinta ku Allah pikeun dianggo amal soleh,
malihan ganjarana tiasa langkung punjul tibatan jihad fi sabillilah, luyu sareng pidawah Rasul:
Ma min ayami amalu solih. Fiha ahabu ilalloh. Min hadihil ayyam. Yakni ayyamil asr.
“Teu aya dinten-dinten amal soleh di jerona langkung dipikacinta ku Allah tibatan sapuluh
dinten ieu, nyaéta sapuluh dinten munggaran dina Sasih Dzulhijjah." (HR. Imam Bukhari),
Dumasar kana pedaran éta, hayu urang laksanakeun amal soleh anu kacida dianjurkeunana ku Rasul dina sapuluh awal Dzulhijjah. Di antawis amalan utamana, nyaéta:
Kahiji Puasa Sunah, urang salaku Muslim, kalintang dianjurkeun puasa ti kawit kaping hiji dugi ka kaping salapan Dzulhijjah.
Nanging, upami sakinten karaos abot, utamikeun wae puasa dinten Arafahna nyaéta dina kaping salapan, margi pahalana kalintang ageungna, sakumaha pidawah Rasul:
"Man saoma yauma arofah. Gufirulahu sanah. Amamahu wa sanatu ba dah."
"Saha baé anu puasa sunah dinten Arafah, mangka bakal dihampura dosa sataun anu parantos kalangkung sareng sataun anu badé datang." (HR. Ibnu Majah).
Kadua, Seueur Dzikir. Urang disunnahkeun pikeun ngalaksanakeun maos Tahmid, Tasbih, tahlil srg Takbir. Ieu ngarupikeun bukti syukur jeung pangangkeun kana agungna Allah dina manah urang, luyu hadis riwayat Imam Ahmad:
Paaksiru fihina. Mina tahlili watakbiri watahmid.
"Dina dinten ieu (10 dinten awal Dzulhijjah) pék seueurkeun maca tasbih, tahmid, tahlil, oge takbir."
Katilu, Ibadah Haji. Ieu amalan mangrupikeun rukun Islam anu kalima pikeun jalma anu parantos mampuh (istiṭā’ah).
Luyu sareng pidawah Allah dina surat Ali Imran ayat 97: "Jeung wajib pikeun manusa karana Allah ibadah haji, nyaéta pikeun jalma anu mampuh ngalaksanakeunnana".
Kaopat, tangtosna sholat ide serg mecunit sato kurban. Ieu ibadah kurban mangrupikeun amal anu paling dipikacinta ku Allah dina dinten Idul Adha,
sarta janten wasilah dihampura dosa urang anu parantos kalangkung, sakumaha parantos dijelaskeun dina hadis riwayat Imam Al-Hakim.
Hadirin Jama’ah Shalat Jum’ah Rahimakumullah.
Kasimpulan: Sasih Dzulhijjah téh mangrupikeun sasih agung anu seueur pisan kautamaana.
Ku kituna, mangga urang ngalaksanakeun amalan anu nyandak mangfaat kanggo pribadi urang ogé masarakat sabudeureun, sapertos amalan anu parantos dijelaskeun di luhur, kalayan niat seja mihaep rido Allah.
