Hadirin rohmakumulloh
Dina kasempatan khutbah jumat nu ayna khotib bade ngapayun tema nyaeta 3 penyesalan manusa
Urg sebagai manusa nuja dina alam nyaeta alam dunya.
Dina perjalanan ayna urg nuju aya dina alam anu ka 3
Jauh samemeh ieu urg aya di alam ruh. Jauh sateuacan waktu nu kaalaman ayeun urg aya di alam rahim ibu urang masing2 9 sasih 10 dinten urg numpang dina rahim teras urang gubrag ka alam dunya ieu
Dunya anu mangrupikeun darul bala. Nyaeta tempat di mana urang di uji ku Alloh swt tempat nu pinuh ku kasusah ka cape oasedih srg nu sanes na.
Oge dunya mangrupikeun tempat pikeun urang ngalaksanakeun amal soleh.
Maka ku kituna Alloh parantos ngingetan ka urang sakumah dawuhana. Wama KHOLAKTUL JINA WAL INSA ILA LIA BUDUN.
Allah ngingetan ka urg yen alloh nyiptakeun urg ieu teu aya sanes nyaeta supaya ibadah ka Allah swt.
Tapi seiring waktu seeur oge di antara urang anu poho kana ayat eta. Urg asup ka alam dunya justru katungkulkeun ku dunya ieu
Bahkan alloh ngemutqn oge Al hakumut takasur.
Aranjeun katungkulkeun ku dunya sibuk up ngumpulkeun harta bandadugika lalei kana ibadah ka Alloh
Hatta jur tumul makobir. Dugikeun ka tiba2 kanyoan aranjeun kaget ujug2 aya di alam kubur
Kitu urg di dunya. Aya anu ibadahku amal anu sae
Aya oge anu sibuk ngudag2 dunya poho kanu maha pemilik dunya.
Anjena nyangka seakan yen dunya teh tempat anu langgeng dugika sibuk ti enjing dugika wengi.
Bahkan aya nu mangkat enjing mulang enjing2 deui
Tapi hilap kana ibadah ka Allah
Dugi ka ahirna aya masa di mana urg kaduhung.
Iraha urang bakal kaduhung.
Allah parantos nyaaritekeun dina Al quran dugikana mangsana ueang bakal ningalieun dunya ieu. Mun temah urg alim ningalkeun ieu dunya. Maka dunya nu bakal ningalieun urang.
Pindah alam urang ti dunya nyaeta ka Alam barzah.
Allah swt nyaritakeu penyesalan ka hiji manusa di alam barjah saur eta jalmi Robir jiuni ya Allah.
Ya Allah pulangkeun deui abi ka dunya.LA ALI AMALU solihan pima taroktu ya Allah.
Abi hoyong migawe amal soleh. Di mana ti kamari teu solat abi hoyong solat kmri mh abdi teu puasa ayna hoyong abdi puasa. Tibkamari abi teu pernah datang ka masjid ayna abi pasti jadi ahli masjid.
Tapi sau saur Alloh KALLA WAMIW WARO IHIM BARJAHUN
ILA YAUMI YUB ASUN.
sabab alloh parantos mantengken dinding pemisah antara barzah antara dunya sareng alam kubur.
Alam kubur oge teu langgen. Salajengna manusa ka alam akhirat.
Urg sadaya aya di alam yaumi yub asun. Nyaeta alam kebangkitan srg yaumul hisab alam perhitung.
Allah ngajantenkeun antara binatang srg tumbuhan sadayana di jadikeun taneh.
Katingal ku jalmi anu fasik lajeng maranehna nyarios
Ya laitani kuntu turoba.
Ya Allah andai urang oge di jadikeun. Taneh ya Allah. Tangtu urg moal di azab dina naraka gusti.
Tidinya sanes panungtungan lajeng tidinya manusa di giring kana gerbang naraka. Didinya penyesalan jalmi nu katilu.
Manusa pepenak sareng malaikat malik jamaniah anu nungan gerbang naraka kalayan naros ka eta jalmi. Saur malaikat malik. Alam ya tikum nadzir.
Naha teu aya nu ngabejaan di dunya yen engke th bakal aya antara surga srg naraka.
Qoul bala. Emmh enya ari nu ngwartosan mah aya. Anu ngingetan tentan narak ja urang teh hei malaikat.
Pakadzabna. Tapi ku kami teu di percaya ku kami di anggap naraka teh ukur sekedar dongeng ker nyingsieunan hungkul.
Akhirna dina waktos eta jalmi2 nu tos aya dina jurang naraka eta mikir bingung kalayan nyarios.
Laukuna nas mau.duh ya alloh upami bahedla abi ngagunaken cepil ieu kango ngadangu peringatan tentang naraka ieu. Au nakilu. Sareng kami gunakan akal ieu kango mikir. Yen dunya th ukur sekedar sekejap mata.
Ma kuna pi ashabi sa'ir. Saestuna urg ayna teh moal jadi ahli naraka.
Hadirin
Dina jumat ieu hotib ngawasiatan diri pribadi kalayan ngemutan ka sadaya.
Yen bakal aya tilu penyesalan anu bakal kalangkungan ku urang. Moal mungkin henteu. Maka dina dinten ieu
Badan masih sehat. Soca masih eces oge sampean kuat keneh kango ibadah
Tekenging urg ngalaman penyesalan eta. Nyaeta ku cara memperbaiki amalan urang oge introspeksi diri urang.
Mudahh2n urg di kiatkeun ku Alloh kango ngalaksanakeun ibadah kalayan di tebihkeun tina sipat malas. Aaminn
