Khutbah Jumat 4 Muhasabah Muharam

Sadaya puji kagungan Allah swt rahmat kawilujengan mugi tetep ngocor ka junjunan urang yakni nabi muhammad SAW. 

Ka kulawargina sahabatna mandar dugi ka urang sadaya salaku umatna. Utamina mudah2an urang di angken umatna tur kenging safaat ti anjeuna aamiin.



Salajengna khotib wasiat ka diri pribadi oge umajak ka sadaya hayu urang sami2 ningkatkeun ka taqwaan ka alloh.

Ku cara di antawisna nafakuran langkah pari polah urang anu tos kalangkung. Jalaran kitu khutbah nu ayeuna ngabantun tema 4 poin muhasabah dina akhir tahun hijriyah.

Hadirin.

Ketika alam dunya teras muter. Panon poe oge kadang terbit sareng suruk. Siang srg wengi patalema silih genti. Teras kitu dugikeun ka teu karaos ayeuna urang tos dugi kana dinten jumat pamungkasan tahun 1447 hijriyah.

Ku kituna hayu urang sasarengan ngaraga meneng napakuran lalampahan urang anu tos kalangkung.

Supaya taun anu bade sumping langkung sae oge berkah. Sakumaha dawuhan Allah di al quran.

YA AYUHALADZINA AMANU TAQULLOHA WAL TANDZUR NAFSUN'G MA QODAMATLI GHODI.

Yeuh jalma2 anu ariman kudu taqwa aranjeung ka Alloh. Sareng kudu siap siaga pikein nyinghareupan poe isuk. (Akherat)

Dumasar kana ieu ayat. Sahabat ummar bin khotob RA. masihan nasehat anu berharga.

HASIBU ANPUSAKUM KOBLA ANTU HASABU. WAZINUHA KOBLA ANTU ZAANU.

Pek hisab diri maraneh samemeh jaga di hisab. Oge timbang diri maraneh sememeh jaga di timbang.

Teras naon anu kedah ku urang di tapakuran dina akhir taun 1447 H teh.

Numutkeun kasauran kanjeng nabi dina hadis riwayat tirmidzi aya opat rupi. Anu kedah janten bahan muhasabah atawa introspeksi urang.

1. Nyatea umur urang. Urang hirup di dunya ieu tos sabaraha lami srg di ango naon?
Naha di ango amal kasaean ibadah srg nulungan batur.
Atnpi di ango santai bahkan sibuk ningali kasalahan batur?

Maka kalintang bagea na saupami umur urang di ango ku sibuk namihan amal sarta ngajauhan perkara nuturkeun nafsu nu teu aya akhirna.

Bahkan ku kituna kanjeng nabi maparin doa supaya urang hirup srg maot ttp aya dina kasaean.

ALLOHUMA AHYINI MAKANAT Hayata Khoiron.
LI WATAWAFANI IDZA KANAT WA FATU KHOIROLII.

Ya Alloh. Mugi ngahirupkeun abi upami ieu hirup teh langkung sae kango abdi. Sareng maotkeun abdi saupami maot th langkung sae kango abdi.

Anu Ka 2 nyaeta urang muhasabah tina elmu urang. Naha tos di ango naon elmu urang th? Naha di ango kango ka maslahatan pribadi kulawarga srg masyarakat?
Atanpi justru elmu janten bumerang pikeun diri ngarasa lewih ti batur. srta janten alat anu matak ngarugiekun diri pribadi srg sasama. Maka ku kituna kanjeng nabi maparin doa supaya urg kenging elmu anu guna tur manfaat.

Nyaeta. Allohuma ini as aluka ilman nafia warizkon toyiba wa amalan mutaqoballa.

Nu ka 3 urg muhasabah timana asal harta urang. Srg di ango naon.
Numutkeun ajaran ISLAM . Harta anu manfaat nyaeta anu di pilari ku cara halal. Tebih tina riba. Judi. ghoror. riswah. itqor kantenan maling atanapi korupsi.
Tapi harta anu di ikhtiaran. teu kaluar tina koridor aturan sareng hukum Alloh kalayan aya dian ridho na. Oge di manfaatkeun kango kamaslahata baik pribadi atanapi secara umum.

Maka riksa timana urg milarian eta harta th. timana srg fahami kumaha sur hukum sar'i na.

Anu ka 4 urang muhasabah tina perkawis raga urang. Ti kawit soca cepil lisan kalayan anu sanes na. Naha raga urang parantos di ango taat atanapi maksiyat.

Kumargi sakitu. Mengpeng urang masih di pasihan yuswa sareng kasempatan. Hayu urg gunakeun anu 4 perkara eta di ango kana kasaean anu saluyu srg pituduh srg karidhoan dzat anu maparinana. Nyaeta Allah SWT.

Hadirin.

Kasimpulan na. Sadaya anu aya dina diri urang. Timawit yuswa. Harta elmu srg anggota badan.
Hakekatna mah etateh amanah ti Alloh. Ku kituna hayu urg gunakeun saluyu srg pituduhna supados janten wasilah kango ngahontal kabagjaan di dunya rawuh akherat.

Lebih baru Lebih lama