Hadirin Jamaah Jumat Rahimakumullah,
Sasih Rajab Mudhor anu disebat ku Rasulullah SAW nyaeta bulan anu tiantara bulan Jumadil Akhir sareng bulan Sya’ban” disebat bulan Haram, anu asal katana tina al-Hurmat hartosna kahormatan atanapi kamulyaan.
Rajab mangrupikeun bulan anu dimulyakeun ku Allah, maka satiap jalmi mu’min kedah ngamulyakeun sasih Rajab iyeu.
Ku cara kumaha urang kedah ngamulyakeun bulan Rajab teh ?
فَلَا تَظْلِمُوا فِيهِنَّ أَنفُسَكُمْ ۚ وَقَاتِلُوا الْمُشْرِكِينَ كَافَّةً كَمَا يُقَاتِلُونَكُمْ كَافَّةً ۚ وَاعْلَمُوا أَنَّ اللَّـهَ مَعَ الْمُتَّقِين
Hartosna: “Maka aranjeun ulah nganiaya diri aranjeun dina bulan anu opat eta, jeung perangan kaum musyrikin kabeh sakumaha maranehanana merangan anjeun kabeh, jeung kanyahokeun ku anjeun saestuna Allah bakal sasarengan sareng jalmi anu takwa.” ( at-Taubah : 36)
Hadirin Jamaah Jumat Rahimakumullah,
Dina bulan Rajab aya sejarah kelam dina perjuangan Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Taun kadalapan Kenabian, Kangjeng Nabi SAW mayunana kana rupi-rupi cobaan anu kacida beuratna anu karandapan ku anjeunna sareng pengikutna.
Dina taun eta Kangjeng Nabi nuju aya di kota mekkah, nuju ngemban tugas ngadugikeun Risalah. Permusuhan jeung ancaman ti kaum Quraisy kacida ageungna, tekanan demi tekanan kalintang beuratna. Anjeuna diboikot ku kaum musyrikin anu lumangsung salami 3 tahun.
Teras Kangjeng Nabi SAW, ditimpa musibah nyaeta ku wafatnya Abu Tholib pamanna anu ngasuh srg anu teras ngajaga anjeuna tina gangguan-gangguan kafir quraisy dina da’wah.
dina taun eta oge anjeunna kedah ikhlas dikantunkeun ku Istrina nyaeta Siti Khadijah, anu nyarengan sareng ngabela da’wahna Rasulullah. Siti Khadijah, sareng Abu Tholib pamanna, mangrupikeun dua Jalmi anu disegani ku kafir Quraisy, dina taun eta dipanggil ku Allah SWT
Sahingga Nabi SAW teu ngagaduhan deui pembela anu kuat dina mayunan ancaman sareng panyiksaan ti kafir Quraisy. Kalintang sedihna Kangjeng Nabi Muhammad dikantunkeun ku Istri anu kacida mulyana dina waktos anu kacida dibutuhkeunana dugikeun ka anjeuna nyarios:
Hartosna: “Sareng Allah anu ngagentos anu langkung sae tianjeuna. anjeuna iman kakami saat manusa ingkar ka kami. Anjeuna anu ngabenerkeun kami saat manusa ngabohongkeun ka kami. Anjeuna anu ngahibur kami ku hartana saat manusa pelit. jeung Allah masihan kami anak lalaki saat aya nu ngaharamkeun anak awewe.” (HR. Ahmad)
Saparantosna dikantunkeun ku Abu Tholib RA sareng Siti Khadijah RA, Akhirna Kangjeng Nabi SAW ngawidian para sahabatna supados hijrah ka Thoif.
Nanging penduduk Thoif, henteu nyambut ka Kangjeng Nabi SAW. Malahan maranehanana ngusir ka Kangjang Nabi sareng pengikutna bari maledogan ku batu, Akhirna Kangjeng Nabi mulih deui bari kaayaan salirana seueur ku tatu.
Hadirin Jamaah Jum’at Rahimakumullah
Nya dina waktos eta Kangjeng Nabi kacida pisan ngaraos sedih, teras anjeuna ngado’a nyuhunkeun perlindungan kalayan pasrah ka Allah SWT. Doa anu kacida miris pinuh ku kasedihan, sahingga Allah ngutus hiji Malaikat pangjaga Gunung kanggo nawiskeun bantuan:
“Hei Muhammad, saestuna Allah nguping omongan kaom anjeun ka anjeun. kami malaikat pangjaga gunung. Teras Allah ngutus kami ka anjeun pikeun ngalaksanakeun naon anu diparentahkeun ku anjeun. Upama anjeun menta ka kami, kami bakal ngahijikeun dua gunung pikeun ngahancurkeun manehanana.
Tapi kumaha waleran Rasululloh ? “Kami miharep sangkan Allah ngaluarkeun tina sulbi-sulbi manehanana. Sahingga jalma-jalma daek nyembah ka Allah anu Esa, jeung henteu Musyrik ku naon-naon bae oge. (HR. Bukhori wa Muslim)
Eta mangrupikeun salah sawios kaluhuran akhlaq Rasulullah SAW anu henteu ngagaduhan rasa dendam oge kebencian, sanajan ka jalma anu aniaya ka anjeuna. Sadaya cobaan beurat anu dialaman ku Rasulullah. Sareng para sahabatna eta moal sanggup dipayunan ku sadaya jalmi di alam dunya ayeuna.
Maka saur sebagian ulama Allah sinaja ngahibur kanjeng nabi ku nga isro mirajkeun kanjeng nabi kalayan ku sanes kanten pengalaman anu luar biasa.
Hadirin Jamaah Jum’at Rahimakumullah,
Hayu urang sami-sami tingkatkeun kataqwaan ka Allah SWT, kalayan kataqwaan anu saleres-leresna Urang kedah yakin dina taat kana parentah-parentah Allah sareng Rosulna, oge nebihan naon rupi anu dilarang ku Allah sareng Rosulna. Utamina nulad atawa nyonto sifat-sifat Rasulullah anu kacida agungna.
Sahingga dina Kasempetan Rajab ieu tiasa dimuliakeun ku urang sadaya. Ku pirang-pirang amal sholeh boh anu sunat atanapi anu wajib sangkan kenging kabarokahan ti Allah SWT.
Allaahumma baarik lanaa fii rajaba wa sya'baana, wa ballighnaa ramadhaana.

