Ini adalah khutbah jumat tentang tiga pwrhiasan dunia yang harus di rawat.
اَلْحَمْدُ للهِ. اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ يَحْشُرُنَا فِي الْمَحْشَرِ.
أَشْهَدُ اَنْ لَا اِلٰهَ اِلَّا اللهُ الْمَلِكُ الْجَبَّارُ
وَأَشْهَدُ اَنَّ حَبِيْبَنَا وَ نَبِيَّنّا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ سَيِّدُ الْاِنْسِ وَالْبَشَرِ.
اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى اٰلِهِ وَاَصْحَابِهِ اَجْمَعِيْنَ اَمَّا بَعْدُ
فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اِتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْاٰنِ الْعَظِيْمِ. أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ،
hadirin rohimakumulloh.
Hampir sadaya jalmi, di mana wae ayana aktifitasna milarian nafakah dina jalan ngala salahsahiji tina rizki nyaeta harta.
ti kawit enjing2 dugika sonten. bahkan aya oge anu ninggalkeun kulawargina murang kalihna sareng istrina.
oge murangkalihna di sakolakeun anu luhur supaya cerdas bahkan kenging gelar.
dimana ku miharep mugia ku gelar eta.tiasa ngagampilkeun dina milari padamelan supaya ngapimilik harta benda pikeun kabutuhan sadidintena atanapi anu sanesna.
hadirin rohimakumulloh.
islam henteu ngalarang urang dina jalan milari harta. malihanmah urang sebagai seorang kepala keluarga di wajibkeun ikhtiar milari harta anu halal.
sangkan tiasa hirup tenang.
nanging di hiji waktos kanjeng nabi SAW di taros ku sahabat.
Lau Alimna ilmali khoir panattahiduh.
pasihan terang kango abdi sadaya naon harta anu pang saena kango di sempen sareng di jaga.
apakah emas? atanapi perak?
maka saur kanjeng nabi.
Harta anu paling berharga nyaeta aya 3. anu layak kango di jagi ku urang.
1. Lisanun Dzakir
lisan anu senantiasa berdzikir
karena upami jalmi ngajaga ieu maka baris tenang kahirupan nana. sakumaha dawuhan Alloh
audzubillahiminasayitonirrozim
ALA BIDZIKRILlAHI TATMAINUL QULUB.
Ku inget ka Allah maka hate bakal tenang.
harta anu paling berharga anu kadua nyaeta.
Qolbun Syakir. = Hate anu senantiasa bersyukur
hakekatna anu matak ngajantenkeun urang bingung, susah bahkan keluh kesah. sanes di akibatkeun kirang na nikmat.
bahkan seeur contoh jalmi anu gajihna ratusan juta mahkan milyaran.
tapi tetep masih keneh teu cukup kango anjeuna. anu pada akhirna ngahalakeun sagala cara kango nyumponan hasratna.
eta jalmi saleresna sanes kirang harta. tapi kirang bersyukur kana nikmat anu tos di pasihkeun ka anjeuna.
maka jalmi anu bersyukur kana nikmat ti Allahmah hatena bakal ngarasa cukup. di cukupkeun ku alloh bahkan di tambih ka berkahan nana
sakumaha dawuhan nana
La inssyakartum La ajidannakum.
anu katilu harta anu pang sae na nyaeta
wa zaujatun mukminatun tu ‘innahu ala iman
harta anu paling berharga nyaeta istri anu solehah.
hadirin rohimakumulloh.
istri nu solehah mangrupikeun harta anu paling berharga.
karna mangrupikeun pang indahna perhiasan dunia.
ngagaduhan pasangan anu soleh tangtos bakal tengtrem kana hate na. adem ayem rumah tanggina.
Mudah-mudaha Allah SWT nga anugrahkeun ka urang sadaya kana Lisan Supaya teras Berdzikir hate anu bersykur sareng pasangan anu soleh soleha Aamiin.
Tutup...
penulis Erik Nugraha
Mohon kritik dan saran untuk masukan dan semoga apa yang di sampaikan bermanfaat.
Saya akan sangat berterima kasih kepada yang bersedia menegur atau memberikan saran apabila terdapat kesalahan dalam materi ataupun penulisan.