Khutbah Jumat Definisi Taqwa

  اَلْحَمْدُ للهِ. اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ يَحْشُرُنَا فِي الْمَحْشَرِ.


 أَشْهَدُ اَنْ لَا اِلٰهَ اِلَّا اللهُ الْمَلِكُ الْجَبَّارُ


 وَأَشْهَدُ اَنَّ حَبِيْبَنَا وَ نَبِيَّنّا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ سَيِّدُ الْاِنْسِ وَالْبَشَرِ.


 اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى اٰلِهِ وَاَصْحَابِهِ اَجْمَعِيْنَ اَمَّا بَعْدُ


   فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اِتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ.


 قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْاٰنِ الْعَظِيْمِ. أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، 



hadirin rohimakumulloh.

puji sareng sukur urang sami sami panjatkeun ka Alloh Robun Gofur

karna atas nikmat mantena urang tiasa ngalaksanakeun ibadah shalat jumat berjamaah.

solawat miwah salam mugia salamina tetep tercurah ka baginda nabi urang sadayana baginda rosululloh SAW.

panutan urang sadaya. guru urang sadaya anu dugika detik ieu urang masih keneh ngajalankeun sareat mantena

mudah-mudahan urang sadaya di angken umatna oge di paparin syafaat dina dinten kiamat aamiin.

maka ku kitu na. hayu urang sami-sami ningkatkeun ka imanan sareng ka taqwaan ka Alloh SWT

taqwa anu hartos na berusaha ngamalkeun naon anu di Parentahkeun ku Alloh SWT

Oge ngajauhan sadaya anu di haramkeun atanapi di larang ku Alloh SWT

sabab saleresna setiap anu di parentahkeun ku Alloh pasti aya maslahatna kango urang sadayana

oge setiap anu dilarang ku Alloh  tangtosna bakal nimbulkeun karusakan sareng kamadorotan kango urang pribadi.

simkuring introspeksi diri pribadi. oge umajak ka hadirin sadayana hayu urang sami-sami ningkatkeun ka taqwaan.

anu namina taqwa teh sakumaha anu di ajarkeun ku Saidina Albi Bin Abi tolib

ataqwa hia  Al Khoufu minal jalil
Ngarasa sieun Ku Alloh SWT

Wal Amalu Bi tansil
Ngalaksanakeun Amal Sesuai Serang Anu Di Perntahekun Ku Alloh SWT

Waridho Bil Qolil
Ridho Kana Naon anu di pasihkeun ku Alloh

Walisti'dadu Li yaumir Rohil
Sareng urang nyiapkeun bekel kango kahirupan urang engke dyaumi Akhir.

Taqwa Jantenkeun prinsip dina setiap lengkah urang dina setia aktipitas urang

sabab ngan ukur ku jalan taqwa urang di salametkeun oge di angkat darajat di sisi Alloh SWT

Taqwa Anu saur para ulama kapungkur. nyaeta tina huruf

Ta Qof Wau Sareng Ya

Ta nyaeta Tawadhu. hartosna rendah hati handap asor kalayan sopan santun

Qof nyaeta Qonaah. hartosna rido kana sagala rupi ketentuan ti Alloh SWT oge syukur tina setiap nikmatna

sareng Wau Nyaeta  Waro. hartosna ningalkeun sagalarupi anu sipatna subhat atanapi anu teu aya manfaatna. 

sareng YA nyaeta Yakin Ka Alloh SWT. sabab ku kayakinan urang tangtu tiasa sabar dina ngajalankeun agama ieu ku cara anu sae sareng saleres leresna

kalayan kenging ridho ti Alloh oge di angken janten umat anu Bertaqwa.
Lebih baru Lebih lama