Tema khutbah idul fitri betapa besar pengorbanan ibu dan ayah kita.
1.ALLAHU AKBAR. 2.ALLAHU AKBAR. 3.ALLAHU AKBAR. 4.ALLAHU AKBAR. 5.ALLAHU AKBAR.
6.ALLAHU AKBAR. 7.ALLAHU AKBAR. 8.ALLAHU AKBAR. 9.ALLAHU AKBAR Kabiro Walhandulillahikasiro Wasubhanallohibukrotaw wa asila.
Alhamdulillahiladzi Ja Ala Hadal Yauma Idan. Wasa adatan Lil Muslimin.
Ashadu Ala Ilaha ilallah Wahdahula Syarikalah. wa ashadu ana muhamadan abduhu warosuluh
Allohuma Soli Wasalim Wabarik Ala Sayidina Muhammadin. Wa ala alihi wa ashabihi Ajmain. (Ama Baad.)
Ikhwani Rohimakumulloh. Itaqulloha Ta ala Wa Ati uhu Laalakum Tuplihun.
Qolallohu Ta Ala Fi kitabihil Karim (audzubillah)
وَلِتُكْمِلُوا۟ ٱلْعِدَّةَ وَلِتُكَبِّرُوا۟ ٱللَّهَ عَلَىٰ مَا هَدَىٰكُمْ وَلَعَلَّكُمْ تَشْكُرُونَ
(Walitukmilul idata Walitukabirulloha
Ala Mahadakum Wa La alakum Taskurun.)
Hadirin Jamaah Sidang Ied Rohimakumulloh.
saparantos surukna Panon poe. di upuk barat dinten kamari.
Nandakeun bahwa Urang parantos rengse ngalaksanakeun perjuangan salami sa sasih dina bulan romadhon.
maka ayeuna papisah urang sareng sasih romadhon anu mulia.
aya rasa sedih, tapi aya oge rasa bungah bahwa kemenangan parantos di raih.
sok sanaos kitu, dina manah urang tangtu urang miharep mugia Allah manjangkeun yuswa urang
Mudah2an urang sadayana anu hadir dina waktos ayeuna, Ku Alloh di paparin yuswa anu panjang tur barokah supados urang tiasa penak deui sareng romadhon tahun payun Aamiin Yarobal Alamin.
Kaum Muslimin Wal muslimat Jamaah Sholat Ied Rohimakumulloh.
dina dinten 1 syawal anu mulya ieu. mangrupikeun moment kemenangan kango urang anu ngalaksanakeun Shaum dina sasih romadhon.
seeur pisan jalmi anu hoyong dugi kana dinten ieu hoyong di panjangkeun yuswana dugika danget ieu.
sabab ieu dinten anu agung. seeur jalmi anu ngadoa
اَللّٰهُمَّ طَوِّلْ عُمُوْرَنَا
(ALLOHUMA TOWIL UMURONA YA ALLAH.)
anu hartosna Ya Alloh panjangkeun yuswa abdi ya allah.
aranjeuna hoyong dugi umurna kana dinten syawal ieu. dengan harapan hoyong tiasa ngarayakeun lebaran sareng sanak saudara.
bahkan tinu tebih, di perantauan oge. maksakeun mulang supaya tiasa patepang ngempel sareng dulur-dulurna.
Tapi Hadirin.
urang ukur sekedar berharap sareng berencana. namun tetep Alloh anu nangtukeun
ketetapan Alloh jauh langkung cepet dibandingkeun harapan sareng doa anu di panjatkeun tadi.
naon tea? nyaeta janji anu parantos di tetepkeun ku Alloh bahkan ketika urang masih aya dina alam rahim ibu urang.
Alloh parantos nangtukeun Ajal Urang.
: وَلِكُلِّ اُمَّةٍ اَجَلٌ ۚ فَاِذَا جَاۤءَ اَجَلُهُمْ لَا يَسْتَأْخِرُوْنَ سَاعَةً وَّلَا يَسْتَقْدِمُوْنَ
(fa ida za a ajaluhum La yas Takhiruna Syaatan Wala Yastaqdimun.)
saupami Ajal eta parantos di tetapkeun.
Maka moal tiasa di pajukeun atanapi di tunda sok sanaos ukur sa detik.
Maka bersyukur Urang. Anu dina Waktos ieu masih keneh tiasa kempel sareng keluarga urang.
dina dinten idul fitri ieu. urang masih keneh tiasa angkat sasarengan. ngupingkeun khutbah ied.
teras urang mulang kabumina masing-masing, urang masih keneh tiasa sasalaman silih hampura tina setiap kasalah dina salami satahun kapengker.
oge dina dinten ieu pisan. dina dinten idul fitri mangrupikeun momen kango urang silih hapunten. saling magehkeun tali silaturahim.
karna memang tujuan tina saum sakumaha dawuhan Allah dina Al Qur'an.
Ya ayuhaladzina amanu kutiba alaikumusiyam kama kutiba ala ladina mi qoblikum laalakum tatakun.
hey jalmi anu ngaku ber iman, di wajibkeun ka aranjeun puasa sakumaha anu parantos di wajibkeun ka umat samemeh aranjeun mudah2an anjeun janten jalmi anu taqwa.
Tujuan akhir tina puasa nyaeta kango ngabentuk pribadi anu taqwa.
seperti kumaha cirina jalmi anu taqwa teh?
cirina jalmi taqwa nyaeta jalmi anu kersa ngahampura tina kasalahan batur. oge pami anjeuna salah anjeuna babari nyungken hapunten.
Hadirin Sidang Ied Rohimakumulloh.
maka dina dinten ieu,
anu janten caroge nyungken hapunten kanu janten istri
oge seorang istri. canak panangan caroge urang dina dinten anu mulya ieu
nyungken panghapunten ka anjeuna tina khilap sareng dosa salira.
anu utamina urang sadayana para jamaah. urang anu masih keneh ngagaduhan bapa.
anu masih keneh aya ibu.
saparantosna natepan ied ieu.
mulang urang kabumi. maka anu pang payuna anu ku urang di salaman.
nyaeta sepuh urang para hadirin.
canak ku urang panangana. sungkem urang kana panangan anjeuna.
kapungkur eta panangan masih keneh kuat. tapi ayeuna ngageter lemah di teda ku yuswa.
apakah urang teu emut? ketika urang masih aya dina rahim anjeuna.
teu acan aya jalmi di dunya ieu anu ngadoakeun ka urang.
maka jalmi anu pertama kali ngadoakeun urang. nyaeta ibu urang.
ketika dina rahim. sambil di usap eta urang kalayan ngadoa "Ya allah jantenkeun ieu murang kalih anu soleh.
jantenkeun ieu murangkalih anu sukses sareng bahagia.
teu aya nu ngadoakeun urang.
tapi nu janten ibu tos pang payuna ngadoakeun ka urang.
lahir urang ka dunia anjeuna berjuang bersimbah darah merjuangkeun kalahiran urang.
mertaruhkeun antara hirup sareng maot melaan lahirna urang.
lahir urang ka dunia.
bahkan dina ka ayaan nyeri luar biasa. anjeuna senyum sambil neutep kanah wajah urang.
eta ibu urang.
perjuangan nana luar biasa pengorbanan nana kango urang.
jamaah ied rohimakumulloh.
apakah teu emut ketika urang nuju alit?
dina waktos harita ibu urang anu sering ngabohong kango urang.
ketika tuangen ngan ukur saalit. ibu sok ngabohong, bageur sok tuang sing wareg mamah mah teu lapar.
sok tuang ieu daging, mamah mah teu resep daging.
kitu pengorbanana eta ibu urang.
bahkan ketika urang masih keneh orok.
reungit Hiji. moal di antep enteup dina badan urang.
Dina dinten ieu pisan ku urang ka saksian. aranjeuna parantos sepuh, berubah badana jadi rapuh.
urang ayeuna tos dewasa bahkan tos berkeluarga.
kumaha sikap urang ka sepuh urang ayeuna?
naha atos urang nga bageakeun anjeuna? dina waktos ayeuna anu tos teu anom deui.
saupami dina dinten ieu. hadirin rohimakumulloh
urang masih keneh nyusahkeun anjeuna. saestuna urang bener2 teu acan ngabahagiakeun anjeuna.
upami urang teu tiasa ngabageakeun sepuh urang di masa sepuh na. maka minimal urang teu teu kenging ngecewakeun anjeuna.
maka saparantosna urang mulang tidieu engal rangkul sepuh urang cium tangan ka aranjeuna.
mengpeung masih keneh aya.
karna upami anjeuna tos teu araya. maka didinya urang bakal ngarasa kaduhung anu kacida.
naha pas ibu bapa urang nuju aya keneh. urang tamelar ka aranjeuna.
.
.
di jaman nabi aya hiji pamuda ngadongkapan ka rosululloh.
saur anjeuna Ya rosulalloh ijinan abdi kango JIHAD. ngiring perang sareng salira Ya Rosul.
maka saur kanjeng nabi,
tumaros ka si eta pamuda.
Halaka min ummi?
ari ajeun gaduh keneh ibu?
na'am abi gaduh keneh ibu ya rosulalloh.
Fal Zam Maha. Fa inal jannah tahta Rij Laiha
saur kanjeng nabi. Mulang anjeun ka pun biang sabab surga dina dampal sampean na
terus ngabakti ka anjeuna.
padahal manehna hoyongeun jihad.
dimana jihad teh mangrupikeun puncakna ibadah dina agama islam
jalmi anu sahid akibat jihad, moal ngarasakaeun sakaratul maut. moal ngarasakeun azab kubur. bahkan di akherat lebet surga tanpa di hisab.
tapi kanjeng nabi justru ngutamikeun miwarang ngarawat nu janten ibuna si eta pamuda.
Ngarawat nu janten ibu leuwih utama dibandingkeun jihad.
maka emutkeun deui ku urang.
رِضَى اللهِ فِي رِضَى الْوَالِدَيْنِ وَسُخْطُ اللهِ فِي سُخْطِ الْوَالِدَيْنِ
saestuna Ridho Allah Tergantung Ridho Na orang tua.
Sareng bendu na Allah tergantung benduna orang tua urang.
tapi kadang urang hilap kana eta katerangan.
terkadang ucapan urang lewih keras ka sepuh urang.
bahkan sababaraha kali neteskeun ci soca di nyerikeun ku urang
bapa urang. berjuang teu apal panas teu apal hujan milari nafkah rizki anu halal
kango kahirupan urang para hadirin.
dina dinten mulia ieu rangkul ku urang, cium eta panangan anu tos teu anom deui.
teu kenal kanyeri jeung ka cape anu aya dina emutan nana ngan ukur kumaha carana supaya anak sareng istrina bisa barang tuang
kumaha carana supaya anak na tiasa sakola
seorang ayah rela di rendahkeun di tutunyuk ku atasan nana. tetep bertahan dina eta ka ayaan di padamelana. supaya naon? supaya ulah sampai anak sareng istrina di rendahkeun ku batur
bapak, anu di anggap teu tanggung jawab ku urang.
anu terkadang tara bisa nyarios nanaon. kadang kango neteskeun ci soca ku anjeuna di tahan
teu pernah ningalikeun ka susahna kumaha perihna
lamun nu jadi anak na aya ka hayong
muhun engke nya jang. sugan enjing. engke nya bageur sugan mingon atanapi sasih payun di pang meserkeun
anu padahal dina hatena pinuh ku ka bingung, kira-kira timana bakal aya milikna
kumaha lamun teu kalaksanakeun eta ka hoyong anak
urang anu teu ngarti naha si bapak cana mere keneh.
naha ari bapak ngantosan naon?
bahkan urang kecewa sabab ka hoyong urang teu di tedunan.
naha bapak teu ngarti kana kahoyong abi?
naha kedah di engke2 pak?
sementara urang memang moal pernah ngarti.
kecuala saat engke ternyata karaosna ketika urang tos jadi bapak.
urang faham alasana kunaon. ketika urang sadar paingan kahayang urang teu di gugu.
ternyata sanes teu di usahakeun
tapi nu jadi bapak nyumputkeun kasusahna kacape na.
anjeuna anu paling seeur nahan rasa nyerina. anjeuna anu paling seeur nahan kasedihna.
Kaum Muslimin Rohimakumulloh
di antara urang aya anu orang tuana parantos mulang tipayun ka rohmatulloh
asa cikeneh lebaran kamari aranjeuna ngariung sareng urang. hereuy bahkan tuang sasarengan
tapi dina lebaran idul fitri nu ayeuna.
aranjeuna tos teu tiasa sasarengan deui sareng urang.
maka bakti urang dina waktos ayeuna ziarahan kubur anjeuna.
ziarahan kubur bapak urang
ziarahan kubur ibu urang.
tong hilap bacakeun doa kango aranjeuna
Allohumaghfiri waliwalidaya warhamhuma kama robayani sogiro.
saupami anjeuna kenging azab. mugia Alloh ngaringankeun siksana
upami anjeuna kenging nikmat.
mugia Alloh maparin langkung seeur kanikmatan kamantena.
Di Alam Kubur.
teu aya harta anu terbaik teu aya nu di harepkeun ku Ahli kubur kecuali doa tinu janten murang kalihna.
Khutbah ke dua bahasa sunda.
اَللهُ أَكْبَرْ،3x اَللهُ أَكْبَرْ،4x اَللهُ أَكْبَرْ، اَلْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، أَشْهَدُ أَنْ لاَإِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ
فَيَاعِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِيْ كِتَابِهِ اْلعَظِيْمِ
إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِيِّ،
يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ أَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا
اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ اَلِهِ وَأًصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ.
وَعَلَيْنَا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِماَتِ، وَاْلمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَات، اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ يَا قَاضِيَ اْلحَاجَاتِ
Ya Allah ya rohman ya rohim. anjeun anu maha kawasa
Ku welas asih anjeun abdi mohon ampun ya allah. hamounten soca abdi anu sering ningal nu awon di bandingkeun nu saena ya allah.
hapunten pangdangu abdi anu sering ngadangu nu teu sae ya allah
hapunten tina lisan abdi anu kadang nganyerikeun dulur abdi.
nganyerikeun hate ibu rama abdi
abdi mohon ya allah, teu kenging jantenkeun dosa abdi janten panutup jalan tina kataan abdi sadaya ya allah.
Allohurobul Alamin
saupami aya nu dongkap dina dinten ieu dina ka ayaan lamookot ku dosa ya allah
maka hapunten tina sadaya dosana saparantosna anjeun kaluar ti ieu tempat ya allah.
sa upami aya nu dongkap dina dinten ieu nyanak hate anu sengah sareng susah pinuh kabingung,
mohon teu kenging di ingkeun anjeuna kaluar ti ieu tempat kecuali parantos di tenangkeun manah na ya allah
Ya Allah upami aya nu dongkap dina dinten ieu anjeuna niat kango tobat ya allah.
tapi kahirupan masih keneh susah, mohon angkat sadaya kasusahana nana ya allah pasihan kamudahan ya allah.
sa upami aya nu teu damang dina dinten ieu ya allah. paparin kasehatan sehingga anjeuna tiasa ibadah deui ka anjeun ya allah
Allohurobul Alamin. abdi sadaya mangrupikeun jalmi anu seeur salah sareng dosa ka ibu rama abdi.
abdi sadaya sadar ya allah. abdi ngan nyusahkeun ibu rama abdi.
abdi mohon ampun tina sadaya khilaf sareng dosa ka ibu rama abdi ya allah.
kango ibu rama abdi anu parantos ngantunkeun
abdi mohon teu kenging di siksa ibu rama abdi ya allah.
jantenkeun kuburna mangrupikeun taman2 surga ya allah
ya allah saupami dinten ieu mengrupikeun dinten terakhir abi hirup di dunya ieu ya allah
mohon maotkeun abdi sadaya dina ka ayaa khusnul Khotimah. anu tiasa ngucapkeun ucapan terakhirna Laa ilaha ilallah.
saupami anjeun masih maparinan yuswa ka abdi sadaya.
abdi mohon paparin hidayah ka istiqomahan dina ka taqwaan ka anjeun ya allah
رَبَّنَا افْتَحْ بَيْنَنَا وَبَيْنَ قَوْمِنَا بِاْلحَقِّ وَأَنْتَ خَيْرُ اْلفَاتِحِيْنَ.
رَبَّنَا أَتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
عِبَادَ اللهِ إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهىَ عَنِ اْلفَحْشَاءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوْا اللهَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ