Panyakit Ujub




Puji rawuh syukur urang sami2 panjatkeun ka Allah anu maha gofur. Anu maparinan nikmat kasehatan lahir sehingga urang tiasa ngalaksanakeun kawajiban salah sawiosna natepan jumat berjamaah.

Solawat salam mugia tetep tercurah ka baginda jungjunan urang sadayana yakni habibana wanabiyana muhammad SAW.

simkuring asma Khotib Ngemutan diri pribadi kalayan umajak ka sadaya hayu urang sami2 ningkatkeun katakwaan ka Allah SWT.

Hadirin rohimakumuloh
Salah sawios nikmat anu di paparin ku Alloh nyaeta nikmat kasehatan lahir dugika urang tiasa ibadah dina ka ayaan nyaman aman istiqomah

mugia urang salamina di paparinan kasehatan di tebihkeun tina panyakit.

Tapi hadirin anu sering di pophokeun ku urang bahkan teu jarang urang teu sadar ku ayana panyakit anu teu katingal. Nyaeta panyakit hate

Panyakit dohir urang bisa sadar. Tapi upami panyakit hate teu aya nu katingal bahkan sering urang nyalira teu sadar kana eta panyakit.

Di antwis panyakit hate anu tara ka sadari ku urang nyaeta panyakit ujub.

Karna ujub teu pandang bulu henteu pandang fisik. Tapi justru nyerang kana tiap2 hate urang sadayana.

Terutamina ka urang anu ngalaksanakeun ibadah. Terkadang sok aya rasa bangga ku ibadah sorangan.
Ngarasa ibadah urang lewih hade daripada ibadah batur
Amaliyah urang lewih hade daripada amaliyah batur.
Amal urang lewih loba daripada amal batur
Elmu urang lewih loba daripada elmu batur.

Sementara urang di wajibkeun dina Sholat Ngucapkeun Iya kana budu wa iya kanas tain.
Saestuna ka anjeun abdi ibadah sareng mung ka anjeun nyungkeun pitulung.

Anu salasawios makna na nyaeta. Urang moal tiasa ibadah atanapi ngamalkeun kasaean tanpa pertolongan ti Allah.

Sakumaha dawuhan kanjeng nabi

ثَلاَثُ مُهْلِكَاتٍ : شُحٌّ مُطَاعٌ وَهَوًى مُتَّبَعٌ وَإعْجَابُ الْمَرْءِ بِنَفْسِهِ

“3 perkara anu binasakan, rasa pelit anu ditaati, hawa nafsu nu di tuturkeun sareng ujub na jalma kana dirina sorangan” (HR at-Thobroni dalam Al-Awshoth no 5452 dan dishahihkan oleh Syaikh Al-Albani

Hadirin rohimakumulloh. Anu namina ujub nyaeta ngarasa diri lewih ti batur kalayan nganggap remeh ka sasama.

Atanapi terlalu ngabanggakeun diri nyalira bangga ku harta bangga ku jabatan atanapi status sosial.
Anu di mana hal eta ngundang kamurkaan Allah sakumaha dwahuna Allah dina hadits Qudsi.

قَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يَقُولُ اللَّهُ سُبْحَانَهُ الْكِبْرِيَاءُ رِدَائِي وَالْعَظَمَةُ إِزَارِي مَنْ نَازَعَنِي وَاحِدًا مِنْهُمَا أَلْقَيْتُهُ فِي jahanam


Kasombongan nyaeta pakean kami sareng ka agungan mangrupikeun salendang kami.
Saha anu ngarebut salahsahijina maka kami pasti bakal ngalungkeun maenahna kana jahanam.

Hadirin.

Ujub mangrupikeun cabang tina kasombongan maka aAllah ngahapus sadaya amal anu di hias ki sifat ujub sakumaha dawuhan Allah dina Quran.

فَمَثَلُهٗ كَمَثَلِ صَفْوَانٍ عَلَيْهِ تُرَابٌ فَاَصَابَهٗ وَابِلٌ فَتَرَكَهٗ صَلْدًا ۗ لَا يَقْدِرُوْنَ عَلٰى شَيْءٍ مِّمَّا كَسَبُوْا ۗ وَاللّٰهُ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الْكٰفِرِيْنَ

Perumpamaan nana ibarat batu anu pinuh ku debu teras turun hujan badag dugika eta debu bersih teu aya sesana.
Maranehna teu menang nanaon tina amal anu di lakonan nana. Sareng Alloh teu masiha petunjuk pikeun jalma kafir :Al Baqrah 264.

Hadirin Rohimakumulloh.

Mudah2an Allah maparin urang sadaya ka ikhlasan sareng ka Tawaduan nyaeta rendah hati sareng di tebihkeun tina sifat ujub anu ngaruksak amal urang.



Lebih baru Lebih lama