Panyakit HASAD


الْحَمْدُ لِلَّهِ. الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ يَحْشُرُنَا فِي الْمَحْشَرِ.
أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ الْمَلِكُ الْجَبَّارُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ حَبِيبَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ سَيِّدُ الْإِنْسِ وَالْبَشَرِ.
اللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِينَ.
أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُونَ، اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ.
فَقَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيمِ، أَعُوذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ، بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيمِ:
وَالْعَصْرِ (١) إِنَّ الْإِنْسَانَ لَفِي خُسْرٍ (٢) إِلَّا الَّذِينَ آمَنُوا وَعَمِلُوا الصَّالِحَاتِ وَتَوَاصَوْا بِالْحَقِّ وَتَوَاصَوْا بِالصَّبْرِ (٣)

Hadirin Rohimakumulloh






Hayu urang sami2 ningkatkeun ka taqwaan ka Allah Swt anu saleres leresna.

 Di zaman ieu, di tengah kahirupan anu beki sempit sareng dunia nu pinuh ku persaingan, aya hiji penyakit hate anu kadang urang teu sadar, teu katingali tapi ngaruksak,

 Nyaeta panyakit“hasad” – dengki, iri hati, kehel ningali batur senang.

Hadirin

Peryogi ku urang ka uningan yen hasad sanes saukur dosa. Tapi racun anu maehan amal anu ngahapus ka saean urang.

Sakumaha dawuhan kanjeng nabi SAW.

Iyyākum wal-ḥasad, fa innal-ḥasada
 ya’kulul-ḥasanāt kamā ta’kulun-nāru al-ḥaṭab.

“jauhan ku aranjen sifat hasad, sabab hasad teh ngaduruk kasaean urang seperti seneu ngaduruk suluh nu garing.”
(HR. Abu Dawud no. 4903 – Hadis Hasan)

Cobi bayangkeun hadirin. Urang cape solat malam. Nahan lapar sabab puasa nyeepkeun harta di jalan Allah. Tapi amal anu tadina kedah berpahala justru di hapus ku Alloh di karnakeun aya hate urang anu ngarasa keheul kana kanikmatan batur.

Hasad muncul ku sabab hate ngarasa teu rido ketika batur di pasihan nikmat ku Alloh.
Batur naek pangkat urang timuru
Batur ngalusan imah urang haredang
Batur anakna pinter urang teu bagea
Hate urang miharep supaya nikmat na si pulan di cabut.

Hadirin 

Seeur contoh ka binsaan anu di sebabkeun ku hasad.

Iblis di laknat ku Alloh sabab hasad ka nabi adam.
Qobil teu di tarima qurban na sabab hasad ka habil rai na sorangan dugika ngabunuh adina sorangan.
Bahkan kaum yahudi di bendu ku Alloh. sabab hasad ka nabi muhammad. Maranehna nyebatkeun teu pantes anu jadi nabi ti turunan ismail sabab ti baheula oge nu jadi nabi mah keturunan bani isroil.
Bahkan abu jahal binasa jadi musuh islam. Sabab teu narima ti keturuna bani hasim aya nabi. Anu mana suku hasim sareng suku abu jahal mangrupikeun saingan.
Eta conto jalmi2 anu berakhir binasa ku sabab hasad.

Hadirin rohimakumuloh.

Inti tina hasad nyaeta miharep kanikmatan nu aya di batur lenyap lengit tina dirina.

Anapon upami urang kabita ku nikmat batur kalayan urang teu miharep eta nikmatna lengit ti maneh na. Maka eta sanes hasad.

Tapi perkara nu wajar sebagai mana urang sebagai manusa pasti hoyong anu terbaik.
Bahkan hasad dina perkara kasaean eta justru di anjurkeun ku kanjeng nabi.

Seperti urang ka ita ku jalmi nu seeur harta kalayaan di ango sodaqoh.
Ka jalmi anu seeur hafalan quran na kalayan di manfaatkeun
Atanap ka jalmi anu kuat kasabaran na nampi ujian ti Allah. Maka eta namina giftoh.

Sakumaha dawuhan kanjeng nabi SAW.



لَا حَسَدَ إِلَّا فِي اثْنَتَيْنِ: رَجُلٌ آتَاهُ اللَّهُ مَالًا، فَسَلَّطَهُ عَلَى هَلَكَتِهِ فِي الْحَقِّ، وَرَجُلٌ آتَاهُ اللَّهُ الْحِكْمَةَ، فَهُوَ يَقْضِي بِهَا وَيُعَلِّمُهَا

Lā ḥasada illā fī ithnatain: rajulun ātāhullāhu mālan, fasallaṭahu ‘alā halakatihī fil-ḥaqq, wa rajulun ātāhullāhul-ḥikmata, fahuwa yaqḍī bihā wa yu‘allimuhā.

Teu menang hassd kecuali ka duana dua perkara

1 ka jalmi nu seeur harta tapi di nfakeun di jalan Allah.

Anu ka 2 ka jalmi anu di pasihan elmu kalayan di tegakeun elmu na dina perkara anu manfaat.

hadirin…
Hayu urang berusaha bersihkeun hate urang … tina racun-racun hasad…
Pami ningal ka bagjaan di dulur urang —maka doakeun kasaean ka anjeuna.
Pami ningal batur lewih sukses — ucapkeun: “Maa syaa Allah, tabaarakallah.”
Pami karaos aya rasa iri — kirimkn doa anu sae sanes caci maki.
Karena…
Hate nu bersih mangrupikeun ladang subur kango iman…
Tapi hate nu hasad mangrupikeun kuburan kango amal…
Lebih baru Lebih lama