Hadirin rohimakumulloh
Dina dinten jumat ieu bertepatan sareng samingon langkung urang mayunan sahih anu mulia nyaeta sasih romadhon
Anu mana mangrupikeun nikmat nu kalintang agung na. Sabab urang di tepangkeun di antara kamuliyaan sasih suci oge sareng dinten anu agung nyaeta dinten jum'at. Sayidul ayam rajana poe.
Anu dimana dina ieu dinten sareng dina ieu sasihteh. Alloh ngabuka panto ampunan piken jalmi nu tobat oge nga buka pang ijabahna doa khususna jalmi anu puasa. Sakimaha dawuhan kajneg nabi.
Pi romadhona waina kuli muslimin pi kuli yaumin wa lailatin da watan mustajabah.
Saestuna dina romadhon pikeun setiap muslim dina ungal dinten sareng wengi na eta romadon aya doa anu mustazab.
Ngarujuk tina hadits anu neme para ulama nganjurkeun ka urang sadaya supaya nga seeurkeun ngadoa khususna dina waktu anu mustazab doa nyaeta dina sa alit samemeh dongkapna waktu buka puasa.
Maka dina waktos eta urang seeurkeun ngadoa ka Alloh terutami ngadoakeun diri urang kulawargi sareng sepuh urang boh anu jeneng di alam dunya kususna anu parantos di alam kubur.
Sabab di saat urang mah kenging fadilah di hampura dosa anu tos ka langkung setiap ngalakukeun amal sholeh. baik saum atanapi kiamna.
Tapi urang teu terang kumaha kondisi aranjeuna anu di alam kubur. Maka teu aya deui hadiah atanapi jamuan pikeun ahli kubur iwalti doa anu tulus ti anak ketrunana.
Doa anu henteu di tolak nyaeta doa na jalmi2 anu puasa dugika anjeuna buka
Hadirin rohimakumulloh.
Alloh parantos ngadawuh dina Al quran :
وَاِذَا سَاَلَكَ عِبَادِيْ عَنِّيْ فَاِنِّيْ قَرِيْبٌۗ اُجِيْبُ دَعْوَةَ الدَّاعِ اِذَا دَعَانِۙ فَلْيَسْتَجِيْبُوْا لِيْ وَلْيُؤْمِنُوْا بِيْ لَعَلَّهُمْ يَرْشُدُوْنَ
Waida saalaka ibadi ani fa inni korib. Ujibu da'wata dai idadaan.
Saupami hamba kami naros ka anjeun muhammad di mana kami. Maka jawab saestuna kami Alloh teh dekeut. Kaminngaijabah tina setiap doa.
Saur ulama ahli tafsir ibnu katsir. Di selipkeuna ayat ieu di antara ayat2 ramadan. Nunjukeun yen doa dina sasih romadhon langkung gampil di ijabah.
Ti ayat 183 dugia ka 185 tentang ramadhan 186 na tentang doa. 187 na ayat tentang romadhon deui.
Seakan2 Alloh bade nunjukeun yen di sasih ieu waktuna ngaseeurkeun urang kango nga doa2
Hadirin.
Doa mangrupikeun ibadah. Maka teu aya rugina ketika urang seeur ngadoa. Bahkan seandaina doa urang teu di kabulkeun. Minimal urang nuju ibadah ka Allah SWT.
Sakumaha saur kanjeng nabi.
Ad dua u hual ibadah. Doa mangrupikeun inti sarina ibadah.
Hadirin rohimakumulloh.
Mudah2an dina sasih anu mulya ieu. Alloh ngamulyakeun urang ku ditampina ibadah urang kalayang di hapunten sadaya dosa urang oge mudah2an Alloh senantiasa nga ijabah tina setiap doa urang sadaya aamiin.
