Jadilah Pemaaf 13 Peb 2026

 ALhmadulillahirobil alamin. Fatihi abwabil khoiroti. Waja ili To'ati.

Subulan ilal Janati. 


Wa ashadu ala ilaha ilalloh wahdahula syarikalah.

Wa ashadu ana mihamadan abduhu warosuluh.

Adzala umatahu Ala Kuli Khoirin.

Wal muhadzirolahum minkuli sarin.


Allohuma soli wasalim wabirik ala saidina muhamadin. Wa ala alihi wasoh bihi ajmain. Amma Ba'du


Faya ibadalloh itaqulloha haqotukotihi wala tamu tuna ila wa antum muslimun.



Hadirin rohimakumulloh


Tipayun, hayu urang sami-sami manjatkeun puji kalih syukur ka Alloh Robbun Gofur. Sholawat sareng salam mugia salamina dilimpahkeun ka Panutan Alam, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad saw, miwah kulawargina, para sahabatna, para tabi’in, dugika urang sadayana salaku umatna.  


Sateuacan ngalajengkeun khutbah, khotib seja wasiat takwa khusus ka khotib pribadi, umum ka ahli jumah sadayana. Sabab, ukur katakwaan sareng kaimanan anu janten ukuran kamulyaan hiji hamba di payuneun Pangerannana. 


Hadirin rohimakumulloh


islam mangrupikeun agama anu sampurna. Anu ngatur seluruh aspek kahirupan manusa ti kawit gugah bobo bahkan dugikeun ka aturan sosial lingkungan bahkan dugi ka tata kelola negara.

Sadayana di atur ku islam


Kitu oge dina perkawis hubungan urang sareng papada jalmi. Urang di larang ngalakukeun kazoliman ka sasama. Baik berupa tindakan atanapi ucapan.


Kitu oge dina perkawis hate. Sa upamina aya jalmi anu dzolim ka urang. Maka hendakna urang sabar kalayan tiasa ngahampura.


Sakumah dawuhan Allah dina Quran.


وَلَا يَأْتَلِ أُولُو الْفَضْلِ مِنْكُمْ وَالسَّعَةِ أَنْ يُؤْتُوا أُولِي الْقُرْبَىٰ وَالْمَسَاكِينَ وَالْمُهَاجِرِينَ فِي سَبِيلِ اللَّهِ ۖ وَلْيَعْفُوا وَلْيَصْفَحُوا ۗ أَلَا تُحِبُّونَ أَنْ يَغْفِرَ اللَّهُ لَكُمْ ۗ وَاللَّهُ غَفُورٌ رَحِيمٌ


Sareng tekenging jalma2 anu gafuh kelebihan srg kalapang di antara aranjeun bersumpah. Moal deui masihan bantuan ka dulurna. Ka jalma miskin srg kanu hijrah ka Alloh. Sareng sumawona aranjeina kedah ngahampura srg lapang dada. Naha anjeun teu hoyong di hampura ku Aĺloh? sastuna Alloh maha pengampun maha welas asih.



Ayat ieu turun nalika putrina Abu bakar as Sidiq di Fitnah di tuduh jinah ku kalangan jalmi munafik.


Anu langkung fatal justru anu nyebarkeun eta fitnah teh nyaeta misnah bin asasah.


Dulur kerabat abu bakar anu miskin tapi tuang na leeutna di jamin ku abu bakar. Sdya kabutuhana di jamin.


Intina anu nyebarkeun eta fitnah justru dulur anu salami ieu di tulungan ku anjeuna.


Maka abu bakar bersumpah moal deui nulungan eta jalma


Tapi Alloh justru nurunkeun ayat anu neme.


Ala tuhibunna ayag firu lakum? Naha anjeun teu hoyong di hampura ku Alloh?


Kasimpulanana hadirin.


Upami urang miharep kana ampunan Alloh. Maka di antawisna urang kedah tiasa ngahapunten tina setiap kasalahan orang lain.


Sikap ngahmpura sanes sikap jalmi pengecut. Tapi justru sipat pribadi anu di wariskeun ku kanjeng nabi. Sakimaha saur siti aisah.

 

كَانَ أَحْسَنَ النَّاسِ خُلُقًا، لَمْ يَكُنْ فَاحِشًا وَلَا مُتَفَحِّشًا، وَلَا صَخَّابًا فِي الْأَسْوَاقِ، وَلَا يَجْزِي بِالسَّيِّئَةِ السَّيِّئَةَ، وَلَكِنْ يَعْفُو

 

 

"Anjeunna teh jalmi anu pangsaena akhlakna, henteu kasar. sareng henteu nyombongkeun diri, henteu gorowokan di pasar-pasar, sareng henteu ngabales ka jahatan ku kajahatan, tapi justru ngahampura."


Jalmi anu kersa ngahampura kana kadzoliman batur eta mangrupikeun jalmi anu bakal di mulyakeun kalayan di pikanyaah ku Alloh. 



وَالْكَاظِمِينَ الْغَيْظَ وَالْعَافِينَ عَنِ النَّاسِ وَاللَّهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِينَ


Srg jalmi anu nahan amarahna srg mema’afkan (kesalahan) batur. Allah mikaresep orang-orang anu midamel kasaean.” (QS. Ali Imran: 134)


Hadirin rohimakumulloh. Silih hapunten mangrupikeun syarat mutlaq di tarimana ibadah urang khususna Ibadah puasa.


Maka ku kituna sim kuring asma hotib berlepas diri tina sipat dendam kalayan islah ngabebaskeun tina sanes kanten kalepatan.

Mudah2an urang janten jalmi anu di sabarkeun ku Alloh kalayan tiasa ngahapunten sareng sihih hapunten ka sasama. 


Anu mudah2an ngajantenkeun Alloh ngahapunten kana sadaya kalepatan urang Aamiin.

Lebih baru Lebih lama