Sidang Jumah anu mulya, Tipayun, hayu urang sami-sami manjatkeun puji kalih syukur ka Alloh Robbun Gofur.
Sholawat sareng salam mugia salamina dilimpahkeun ka Panutan Alam, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad saw, miwah kulawargina, para sahabatna, para tabi’in, dugika urang sadayana salaku umatna.
Sateuacan ngalajengkeun khutbah, khotib seja wasiat takwa khusus ka khotib pribadi, umum ka ahli jumah sadayana.
Sabab, ukur katakwaan sareng kaimanan anu janten ukuran kamulyaan hiji hamba di payuneun Pangerannana.
Hadirin
Alloh swt parantos ngawagel ka hamba-Na midamel kazoliman.
Anapon bentukna naon wae, anu sifatnya ngarugikeun, nyilakakeun, oge ngaganggu ka diri utamina ka sasama.
Akibat keur nu midamel kazoliman, numutkeun para ulama seueur pisan, kawit dirupekkeun tina rezeki, ditundana ijabah du’a, ditundana panghampura, dijauhkeun tina rohmat Allah, dugika bebendu sareng laknat Mantenna,
sakumaha dawuhan mantena :
أَلَا لَعْنَةُ اللّهِ عَلَى الظَّالِمِينَ
Hartosna, “Sing inget, ari lakna Alloh eta (ditibankeun) ka jalma-jalma anu zolim,” (QS. Hud: 18).
Di antawis rupa kazoliman anu bakal ditangguhkeun panghampurana nyaeta kazoliman ka papada jalma.
Balesanna Alloh moal waka ngahampura anging eta nu midamelna silih hampura sareng jalmi anu dizolimna.
Kitu sakumaha anu dijelaskeun ku Imam Anas bin Malik ti Syekh Zainuddin Al-Malaibari dina kitab Irsyadul Ibad,
Nalika teu rengse di dunya, maka daek teu daek amal manehna ditarik ku jalma-jalma anu pernah dizolimna.
Sakumaha dawuhan kanjeng nabi anu hartosna.
Saestuna jalmi anu bangkrut ti umat kaula nyaeta jalma anu datang dina poe kiamah nyandak amal puasa, amal sholat, sareng amal zakat.
Nanging, manehna datang saatos ngahina kahormatan si itu, nuduh si ieu, ngadahar harta si anu.
Akhirna, manehna didiukkeun. Si ieu dibales tina kahadean-kahadeannana. Si itu dibales tina kahadean-kahadeanana.
Nalika kahadean-kahadeannana seep sateuacan ngalunasan sadayana kasalahan-kasalahannana,
maka kesalahan-kesalahan jalma anu dizolim ditimpakeun ka manehna, dugika akhirna manehna dialungkeun kana naraka,” (HR. At-Tirmidzi).
Hadirin rohimakumulloh.
Upami nitenan kana prilaku sabagian dulur urang ayeuna. Rupina tos kirang merhatoskeun
Kana hak kahormatan sareng kasalametan batur.
Seperti ngahina. ngarendahkeun. ngarebut hak batur. Ka amanatan dina program pemerintahan maka di pangkas supaya aya batian.
Aset negara. tambang. batu bara. minyak bumi naon nu di darat sareng di lautan. Di kuasai sebagian pihak pemilik modal. Atanapi ku ormas pendukung disaat pemilihan.
Padahal dina sareat islam. Anu namina aset negara naon wae bentukna. Sadayana adalah milik rakyatna. Teu tiasa di pimilik ku secara sepihak.
Hutan gundul. sehingga panas kacida. pulau di keruk dugika ruksak. Laut di pager dugika nelayan kehilangan sumber nafkahna. Bahkan kuota ibadah haji. Di korupsi kango keuntungan pribadi.
Jelas eta sdyna nimbulkeun karugian karusakan.
Upami di emutan bahwa eta teh kadzoliman. Maka manehna ngajawab saestuna kuring mh justru kr ngalakonan kahadean.
Maka jalmi anu kitu di sebatna ku Alloh adalah sifat orang munafik. Sakumaha dawuhan nana.
وَإِذَا قِیلَ لَهُمۡ لَا تُفۡسِدُوا۟ فِی ٱلۡأَرۡضِ قَالُوۤا۟ إِنَّمَا نَحۡنُ مُصۡلِحُونَ
Hartosna, “Jeung nalika didugikeun ka
maraneuha (nyaeta jalma-jalma munafek), ‘Ulah migawe karusakan aranjeun di muka bumi,’ maranehna ngajawab, ‘Saenya-enyana kaula sadaya teh jalma-jalma anu migawe kahadean,’” (QS Al-Baqarah [2]: 11).
Sementara saur kanjeng nabi dina riwayat muslim.
اَلْمُسْلِمُ مَنْ سَلِمَ الْمُسْلِمُونَ مِنْ لِسَانِهِ وَيَدِهِ
Hartosna, “Muslim anu sajati teh nyaeta jalmi anu jalmi-jalmi muslim nu aya di sagigireunnana salamet tina kajahatan lisan sareng leungeunna,” (HR. Muslim).
Hadirin.
Mudah-mudahan urang sadaya tiasa dijauhkeun tina sagala bentuk kazoliman, boh kana diri sorangan, boh ka batur.
Sareng mugia urang tiasa ngajaga lisan sareng leungeun tina ngarugikeun sasama, sehingga urang di cap sebagai muslim anu sajati. Aamiin
