Khutbah Jum'at Bukti Cinta Kepada Nabi


Puji sareng hayu urg sami2 panjatkeun ka Alloh robun gofur.
Karna atas nikmat taufik mantena urang tiasa ngahadiran kawajiban ibadah jumat berjamaah.



Sholawat sareng salam anu utami mugia tetep dilimpahkeun ka pang afdol-afdolna nabi, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad saw.

miwah ka kulawargina, ka para sahabatna, ka tabi’in tabiatna, dugika urang sadayana salaku umatna.  mudah2an urg kenging safaat ti mantena aamiin

Simkuring asma khotib introspeksi diri. Kalayan umajak ka sadaya hayu urang sami2 ningkatkeun kualitas ka taqwaan ka Alloh SWT l. Sabab mung eta hiji2 konci pikeun ngaraih karidoan Alloh.

Hadirin rohimakumulloh.

Dina setiap lingkup kahirupan urang, ku urang ka uninga seeur jalmi anu nga motivasi anu masihan conto kahirupan sadidinten.
Tapi sa alit anu tiasa janten conto janten teladan.

Masihan contoh mh gampil. Masihan teori gampil. tapi kango janten teladan eta anu sulit.
seeur jalmi anu nyontoan kasaean. Tapi terkadang dina dirina. masih keneh seeur cawadeun.

Maka dina kesempatan ieu. Urang cobi nyanak contoh ti sosok jalmi contoeun urang. Ti jalmi tuturkeneun urang nya eta baginda nabi SAW

Di mana ketika kanjeng nabi janten manusa anu sampurna. anu teu aya cawadeun dina setiap langkah na. dina prilaku na istuning sadayana ka saean.

Eta sadayana hadirin.

anu janten modal kanjeng nabi nyaeta Ahlak. Modal utami rosululloh nyaeta Ahlakul karimah.

Ku margi sakitu sanaos kumaha perubahan jaman di dunya ieu. ahlakmah tetep teu kenging berubah. Di manapun dan kapanpun urang tetep jaga ahlak urang.

Tapi nu janten persoalan. Kedah ka saha urang ngajagi ahlak urang?

Anu ka 1 nyaeta urang ngajagi ahlak urang ka Alloh SWT.
Eta anu paling penting.

13 thn kanjeng nabi berjuang di mekkah pikeun ngajagi ahlak ka Alloh. Di antarana nyaeta nanam keun TAUHID.

Ngabangun akidah. Ngaluruskeun kayakinan bahwa Teu aya pangeran Anu Wajib Di sembah Anging gusti ALLOH swt.

Eta di jantenkeun pondasi utama jalan dakwah kanjeng nabi.

Bangunan anu kokoh tergantung kumaha pondasi na.
Jalmi anu hirup tergantung kumaha ka imanan nana.

Ka kawasaan sareng jabatan neme bakal aya manfaatna upami di cepeng ku jalmi  anu beriman.  Upami henteu. Maka anu muncul pir aun.

Harta bakal karaos manfaatna upami di cepeng kunu beriman. Pami henteu maka nu muncul qorun 

Bahkan di hiji negara. Sanes perlu jalmi anu pinter hungkul. Tapi urang perlu jalmi anu jujur srg bener. Bahkan di masyarakat lewih sae bener sanajan kurang pinter.

Daripada pinter tapi di pake teu bener.
Sabab mun ukur sekedar pinter bisa jadi ukur minteran hungkul.

Ketika hukum di cepeng ku jalmi pinter tapi teu bener. Maka hukum bisa di jual belikeun.
Aturan bisa di rubah sakarep maranehanana.

Hadirin Rohimakumuloh

Dina negakeun kalimat La ilaha ilalloh muhamadurosululloh. Nabi urang sdyna nyontoan ku ahlak anu mulya

Bahkan termasuk dina perkara ilmu. maka atur eta ilmu ku uhlak. sehingga elmuna di ango manfaat di amalkeun sanes justru ngajurumuskeun kana ujub sareng sombong ngarasa pang ber ilmu na. Atanapi ngarasa pang soleh na.

Sakumaha dawuhan mantena

INAMA BU ISTU LI UTAMIMA MA KARIMAL AHLAK.
Saestuna kami di utus ka muka bumi ieu nyaeta kango nganyampurnakeun ahlak.

Kitu oge dina sanes kanten . rosul di utus janten contoh pemimpin di keluarga. Kumah nabi janten pemimpin negara.

kmha nabi ketika jantn panglima perang. Bahkan termasuk dina masalah urusan politik kanjeng nabi parantos nyontoan kalayan terbukti afektifna kango kamaslahatan umat manisa.

Saluyu pisan sareng dawuhan Alloh

Audzubilahiminasaitonirrojim

lakod kana lakum pi rosulillahi uswatun hasanah.

Saestuna bener2 dina diri rosululloh teh mangrupikeun suri teladan anu pang saena.

Lebih baru Lebih lama