Orang Yang Celaka Di Bulan Ramadhan.

  اَلْحَمْدُ للهِ. اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ يَحْشُرُنَا فِي الْمَحْشَرِ.

 أَشْهَدُ اَنْ لَا اِلٰهَ اِلَّا اللهُ الْمَلِكُ الْجَبَّارُ

 وَأَشْهَدُ اَنَّ حَبِيْبَنَا وَ نَبِيَّنّا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ سَيِّدُ الْاِنْسِ وَالْبَشَرِ.

 اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى اٰلِهِ وَاَصْحَابِهِ اَجْمَعِيْنَ اَمَّا بَعْدُ

   فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اِتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ.

 قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْاٰنِ الْعَظِيْمِ. أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، 

hadirin rohimakumulloh.
dugi ka ayeuna urang pepenak sareng dinten anu mulia nyaeta dintetn jumat.


anu mangrupikeun sayidul ayam. rajana poe.

oge Alloh SWT  masihan  nikmat yuswa sehingga urang patepang sareng sasih anu mulya nya eta sasih romadhon.

anu di mana sasih ieu teh. mangrupikeun sasih anu kanjeng nabi ngadoa Alohuma bariklana fi rojaba wa sya bana balighna romadhon.

Ya Alloh Berkahkeun yuswa urang di bulan rajab srg syaban sareng dugikeun yswa urang kana sasih romadhon.

anu doa eta oge anu di panjatkeun ku urang sababaraha waktos ka pengker.

sareng dina dinten ieu pisan Alloh panjangkeun yuswa urang Alloh sehatkeun badan urang sehinga urang patepang sareng sasih romadhon.

maka urang ucapkeun Alhamdulillahirobil alamin.

sementara aya di antara dulur2 urang anu ngadoa allohuma towil umurona Ya alloh.

ya alloh panjangkeun yuswa kami. ternyata justru alloh teu ngawidian.

yuswana di cabut samemeh patepang sareng romadhon.

idaja a ajaluhum layas takhiruna sya'atan, Wala Yastaqdimun.

sa upami tos dugi kana ajalna. sadetik oge moal tiasa di akhirkeun oge maoal tiasa di majukeun.

aya anu maot sababraha mingon samemeh romadhon sbabaraha hari bahkan aya anu ngantunkeun sababaraha jam samemeh romadhon

sementara di antara ahli kubur memohon ka alloh ngajerit supaya aranjeuna tiasa pepenak sareng romadho sok sanaja ukur sa dinteun.

karena saking ka bita na ku ageung na ganjaran dina sasih ieu, di bandingkeun sareng sasih anu sanes.

tapi hadirin. urang anu dugi kana ieu sasih. sakumaha dawuhan kanjeng nabi SAW justru bisa jadi janten golongan jalmi anu cilaka. 

naha pang na kitu?

dina hiji waktos kanjeng nabi bade naek kana mimbar anjeuna ngalengkah 3 Kali.

kalayan dina setiap lengkahna anjeuna ngucapkeun amin.

para sahabat anu aya didinya heran. teu aya nu ngadoa teu aya nu nyarios tapi kanjeng nabi pakultu amin.

teras tumaros ka kanjeng nabi ya rosulalloh naha teu aya nu ngadoa tapi anjeung ngucapkeun amin?

maka saur rosululloh, 

saestuna ketika tadi kaula naek kana mimbar ATANI JIBRIL kami di dongkapan malaikat jibril. teras malaikat jibril ngadoakeun kana tilu perkara maka ku kami di aminkeun.

salah sahiji doana nyaeta. 

BURDAN LIMAN ADUROKA ROMADHON Walam Yugfarlahu.

cilaka jalma anu patepang sareng romadon. tapi dugika romadon parantos beres manehna masih keneh teu menang hampura ti Alloh SWT.

naha kunaon make teu di hampura ku alloh?
sabab ketika yuswana di panjangkeun badana di sehatkeun. tapi teu di manfaatkeun ku anjeuna kango ngalaksanakeun naon anu di wajibkeun ku alloh.

sakumaha dawuhan kanjeng nabi.
man saoma romadhona imanan wahtisaban gupirolohu matakodama mindambih.

saha anu puasa di bulan romadhon atas dasar iman sareng ihtisab maka di hapunten dosana nu tos kalangkun.

salah satu penyebab di hampura dosa teh. nyaeta ku ngalaksanakeun saum. 

dina hadis neme. si jalma teu menang hampura ti alloh. berarti ku lantaran anjeuna teu ngalaksanakeun naon anu di wajibkeun ku alloh. 

(Ya ayuhaladina amanu kutiba alaikumusiyam)

maka cilaka saur malaikat jibril lamun dina sasih anu penuh magfiroh wae anjeuna teu di hampura. komo deui dina sasih anu sanes.

maka hadirin mudah2an urang di pasihan hidayah ku alloh sehingga urang tiasa ngalaksanakeun kawajiban dina sasih ieu. kalayan amal anu di tampi ku alloh SWT sehingga nganterkeun urang kana pribadi anu taqwa aamiin
Lebih baru Lebih lama