JANJI SURGA KANGO ANU KERSA NGAHAMPURA

Hadirin Rohimakumulloh.

Hayu urang sami sami ningkatkeun kualitas ka imaan sareng ka taqwaan ku cara ikhlas ngalaksanakeun saday anu di wajibkeun

Oge ikhlas ngajauhan setiap anu di larang ku Alloh SWT.

Simkuring asma khotib. Dina Momen ieu bade ngadugikeun eusi khutbah anu Tema na.


 

Janji Syurga kango jalmi anu kersa ngahampura

Hadirin Rohimakumulloh

Kango nguatkeun hate urang. Supaya urg tiasa berlapang dada ngahapunten kalepatan dulur2 urang

Maka hayu urang renungkeun hiji hadits anu di riwayatkeun ima Al Hakim.

Dina hiji saah Rosululloh SAW. Nju ngariung sareng para sahabat

Tiba-tiba, eta kangjeng nabi senyum tarik. Dugika waosna katingal

Sontak Umar Bin Khotob Rodialohun An.
Anu nuju aya didinya tumaros.

Ya rosulalloh. Kunaon pangna anjeun gumujeng?

Rasulloh SAW Ngawaler. Kami di pasihan terang ku Alloh parantos di tampakeun dina Hari Kiamat Engke

Aya dua jalmi di renengkeun di payuneun Alloh calik bari tungkul duanana

Anu sa urang nyarios. Ya Alloh sungken kasaean jalma ieu. sabab kapungkur manehna pernah zalim ka sim abdi.

Teras Alloh SWT Ngadawuh Moal Mungkin. Sabab ieu dulur anjeun teu aya kasean salami hirupna.

Lamun kitu mh atuh ya Alloh.

Dosa abi weh pasihkeun ka manehna....

Dugi kadieu.

Rasululloh SAW cai socana Netes kalayan anjeuna ngadawuh.

Dina waktu eta. Mangrupikeun poe anu kacida keeungna.

Sabab setiap jiwa ngaharepkeun supaya dosa na di tanggung ku batur. Siga jalmi anu neme

Kanjeng nabi teras ngalajeungken kisahna.

Teras Alloh Ngadawuh Ka Sijalma anu Ngadu Tadi.

Hey Fulan Angkat Mastaka Anjeun. !

Ketika Eta Jalmi Ngangkatkeun Mastakana Kalayan Ningali dipayuneuna Aya Gedong sigrong anu temokna Tina Emas

di Lebetna Aya Korsi Tahta tina Intan Berlian

Teras Naros Ya Alloh Kango Saha Ieu?
Kango nabi anu mana?
Kango syuhada nu mana?
Atanapi kango jalmi soleh anu mana? Ieu gedong anu kacida megah na?

Lajeng Alloh Ngawaler.

Eta Istana Anu Megah Kango Jalmi Anu Sangup Mayar Harga Na.


Saha anu sangem Manyer harga Na ya Alloh.

Alloh ngadawuh. Anjeun oge bakal sangup mayar harga na.


Kumaga cara manyerna ya Alloh?


Nyaeta ku cara Anjeun ngahampura dulur anjeun nu parantos dzolim eta.

Maka si hamba ngajawab. Atuh ayeuna pisan abdi ngahapunten ka ieu jalmi.

Teras Alloh ngahapunten eta sijalma kalayan ngalebetkeun anjeuna kana surga.

Saparantosna nyaritakeun hal eta. Maka kanjeng nabi ngadawuh.

Kudu taqwa aranjeun ka Alloh. Sareng omat aranjeun kedah silih hampura.

Saestuna Alloh Maha pangampura oge cinta kanu asak hampura ka sasama.

Hadirin Rohimakumulloh..


Dugika Waktos Ayeuna Atos Sabaraha Jalmi anu di hapunten ku urang ti mulai kaping 1 syawal dugi ka ayeuna kantun sadinten deui mayunan romadhon.

Tapi hampir rata-rata urang silih islah.
Silih hampura ka jalmi2 anu teu aya masalah sareng urang.

Jelas tangtu gampil urang ngahampura na.

Tapi dugi ka dinten ayeuna apakah atos urang ngahapunten boh ti pihak keluarga urang . Kerabat saudara urang atanapi bahkan tatanggi urang.

Anu parantos berbuat salah ka urang bahkan parantos dzolim ka diri urang.

Naha atos eta ku urang di hapunten?

Apakah atos urang ngahapunten jalmi anu sangat di pika benci ku urang?

Maka jawabanana aya dina tiap2 hate masing2 dina diri urang.

Saha diri urang?
Bagai mana mungkin urang miharep panghapunten ti Alloh.


Sementara manah urang kacida beratna kango ngahapunten dulur2 urang.

Maka khusuna dina momen ieu hayu urang sami-sami

urang berlapang dada kango ngahapunten ka sadaya sasama muslim.

Kanjeng nabi wae. Anu anjeuna tos di tuduh jalmi gelo. Di tuduh dukun srg penyihir bahkan di tingang batu ku jalmi salemur anjeuna tetep ngahapunten.

Alloh SWT Parantos Ngadawuh

Audzubillahiminasaiyonirojim.

قُلْ لِلَّذِينَ آَمَنُوا يَغْفِرُوا لِلَّذِينَ لَا يَرْجُونَ أَيَّامَ اللَّهِ لِيَجْزِيَ قَوْمًا بِمَا كَانُوا يَكْسِبُونَ

QULILADZINA AMANU YAGFIRU.
LILADZINA LA YARZUNA ALALLOHI.
LIADZINA QOUMAN BIMA KANU YAKSIBUN.

Wartoskeun Ku Anjeun muhammad. Ka jalmi-jalmi anu ngaku beriman.
Sumawona aranjeuna kudu silih hampura Ka jalmi2 anu teu aya rasa sieun dina poenan Alloh. Sabab anjeuna Alloh bakal ngabales setiap kaum sesuai sareng naon anu ku aranjeuna di lakukeun.

Hadirin Rohimakumulloh

Sakitu anu tiasa di dugikeun dina khutbah jumat ieu


Mudah-mudahan Alloh maparin kalapangan pikeun hate urang sehingga urang tiasa ngahapunten jalmi anu kadang ku urang di pikangewa. Jalmi anu nganyerikeun urang oge anu parantos dzolim ka urang.

Mudah2 urang di jantenkeun jalmi anu asak panghapunten. sehingga alloh oge kersa ngahampunten kana dosa urang.

Amin ya alloh yarobal alamin.

Sebagai penutup simkuring asma khotib

Nyuhunken hapunten upami aya kalepatan kakirangan baik anu di sengaja atanapi anu teu di sengaja na.
.
.

Aqulu qouli hada.......


Penulis : Erick Nugraha
Lebih baru Lebih lama