Nasehat Maot Kematian | Khutbah Jum'at

Hadirin.

30 agustus 2026

Hayu urg sami2 ningkatkeun kataqwaan ka Allah SWT . Hayu urg nurut ngagugu anu saleres2na. Srg teukenging urang ningalkeun ieu dunya kecuali dina ka ayaan muslim.

Hadirin.
Dinten ieu simkuring umajak diri pribadi kango merenung atanpai ngemut2 hiji nasehat anu paling jelas. Tina hiji pelajaran anu teu butuh seeur cumarios. Anu teu wegah kus seeur di jelaskeun.

Nasehat eta nyaeta maot.

Hampir ungal dinten urang nguping kabar. Aya jalmi anu ngantunkeun. Panginten tatanggi urg. Panginten rekan kerja urang. Kadang dulur urg bahkan pangintenan jalim anu kamari masih keneh hereuy srg urg.

Ayeuna aranjeuna parantos mulih ka Allah SWT.

Anu namina maot eta pasti. Teu kenal umur. Murang kalih. Atani remaja srg nu tos sepuh.

Kaya atnpi miskin. Boh pejabat atanapi rakyat biasa. sadayana bisa ka kenaan ku maot.

Allah parantos ngajelaskeun hal ieu dina Alquran.


INAMA TAKUMU YUDRIKUMUL MAUT. WALAU KUNTUM FI BURUJI MUSAYADAH.

Dimana wae anjeun ayana. Maot pasti bakal ngadatangan anjeun sanajan nyumput dina benteng anu kokoh.

Hadirin.

Cobi urg taros kana hate urang. Upami maot pasti datang. Naha yakin urg tos pasti salamet? Atanapi urg mangmang sabab rumasa masih keneh seeur kakurangan bahkan rumasa masih seeur keneh dosa.

Urg yakin maot datang tabi tobat di engke2.
Padahal kuburan tos pinuh ku jalmi2 anu panyang keneh cita2. Seeur di antara anu teu sempat tobat. Seeur di antar aranjeuna anu acan kantos memeperbaiki diri. Acan sempet ngajagi solatna. Srg seeur kasaean anu di engke2. Ternyata ajalna datang di mana aranjeuna acan aya persiapan.

Hadirin.

Rosululloh SAW. Parantos ngadawuh

Sing seeur aranjeun nginget2 kana pemutus kanikmatan. Nyaeta maeot.

Sabab ku nginget2 maot bakal ngalembutkeun hate nu keras.
Sabab ku nginget2 maot bakal nyadarkeun urg yen dunia ieu sanes tempat piken ngabangga banggakeun diri.

Tapi tempat kango ngumpulkeun bekel. Ku amal kasean kango mayunan alam salajengna.

Bayankeun hadirin. Ketika ngke urg ngagoler di payunen kerabat urng. Tubuh kakau pangang teu tiasa usik soca perem srg letah teu tiasa nyarios.

Sanak Keluarga anu nyaah ka urng nangis nyencerikan urg. Tapi teu
aya hiji oge anu tisa nulungan.

Hiji2na anu tiasa nulungan sareng maturan urg dugi ka kubur ngan ukur amal urang.

Hadirin.

Maot mangrupikeun nasehat anu teu pernah bohong.
Maot ngajarkeun urang yen hirup urg teh teu lami bahkan teu aya jaminan urg tiasa pepenak deui srg jumaah payun.

Hadirin.

Mudah2an khutbah iru jadi oangemut kango urg sadayana mugia Allah ngalembutkeun hate urg. Nampi kana tobat urg. Nami amal kasaean urg ngamotkeun urg dina ka ayaan anu sae khusnul khotimah aamiin.

Lebih baru Lebih lama