Khutbah Jumat 4 Poin Jalma Taqwa

Hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sarta kataqwaan ka Allah SWT. Iman srg taqwa anu diwujudkeun dina amal nyata supados urang sadaya aya dina kabagjaan hirup dunya sareng akhérat.



Urang sadaya hirup di alam dunya mung ngumbara, ngansaukur samentara moal lami, anu pasti enying jaganing geto urang sadaya bakal mulang ka alam anu abadi nagri akhérat. Kumargi kitu, urang kedah tiasa dina ngahontal kabagjaan hirup di dunya sareng akherat.

Sakumaha pidawuh Allah SWT dina al-Qur’an surat al-Qashash ayat 77:

وَابْتَغِ فِيْمَا اَتَاكَ اللهُ الدَّارَ الأَخِرَةَ وَلاَ تَنْسَ نَصِيْبَكَ مِنَ الدُّنْيَا وَاَحْسِنْ كَمَا اَحْسَنَ اللهُ اِلَيْكَ وَلاَ تَبْغِ الْفَسَادَ فِى الأَرْضِ اِنَّ اللهَ لاَ يُحِبُّ الْمُفْسِدِيْنَ.

Hartosna: “Jeung kudu diupayakeun ku aranjeun saneskara anu parantos dipaparinkeun ku Gusti Allah ka aranjeun pikeun akherat,

sarta poma aranjeun ulah mopohokeun kana bagian kahirupan dunya. Srg kudu migawe kahadean saperti Allah tos mere kahadean kaaranjeun. Jeung poma aranjeun ulah nimbulkeun karuksakan di ieu bumi, saestuna Allah teu mikaresep ka jalma-jalma anu nimbulkeun karuksakan”. (QS. Al-Qashash: 77)

Numutkeun ahli tafsir Qur’an Ahmad Musthofa al-Maraghi jeung Abuya Kiai Alwi Shihab, dina Surat al-Qoshas ayat 77 teh nguningakeun kana opat nasehat di antawisna nyaéta:

1. Harta jeung nikmat anu parantos dipasihkeun ku Allah SWT ka urang kedahna digunakan kanggo to’at sareng kanggo taqorub (ngadekeutkeun diri) ka Manténna.

Sakumaha anu parantos diwawadian ku Kangjeng Rasul Shalallahu ‘Alaihi Wasallam:

اِغْتَنِمْ خَمْسً قَبْلَ خَمْسٍ: شَبَابَكَ قَبْلَ هَرَمِكَ وَ صِحَّتَكَ قَبْلَ سَقَمِكَ وَ غِنَاكَ قَبْلَ فَقْرِكَ وَ فَرَاغَكَ قَبْلَ شُغْلِكَ وَ حَيَاتَكَ قَبْلَ مَوْتِكَ

Hartosna: “Manfaatkeun ku anjeun lima perkara samemeh datang anu lima: Mangsa ngora samemeh kolot, kasehatan anjeun samemeh datang gering, kabeungharan anjeun samemeh anjeun miskin, kasempatan anjeun samemeh anjeun sibuk sarta manfaatkeun hirup samemeh datangna maot”. (HR. Hakim)

2. Jalma teu meunang mopohokeun urusan dunya sepertos barang tuang, ngaleueut, pakéan, margi Allah masihan hakna kamanunsa,

manusa ngabogaan hakna anu utama kadirina sorangan, nyakitu deui kulawargana ngabogaan hak keur maranehanana.

Sehingga urang sanes kudu hayoh ngadeku ibadah dugaka poho dunya. Tapi maksadna urang perlu lakakukeun sadayana secara proforsional. Sur pari paosna supaya ngenah nyawa betah Jasad.

HADIRIN

3. Jalmi kedah midamel kasaéan kasasama, sakumaha Allah parantos midamel kasaéan pikeun manusa kalawan masihan nikmat anu seueur pisan. Midamel kasaéan tiasa mangrupi masihan pitulung ka sasama kalawan harta sarta kemuliaan, raray anu marahmay, silaturrahmi.

Sakumah dina ayat nu sanes :

اِنْ اَحْسَنْتُمْ اَحْسَنْتُمْ لِأَنْفُسِكُمْ وَاِنْ اَسَأْتُمْ فَلَهَا

Hartosna: “Upama aranjeun nyieun kahadean, maka anjen teh geus nyieun kahadean pikeun diri anjen sorangan. jeung upama anjen nyieun kajahatan, eta oge pikeun diri anjen sorangan“. (QS. Al-Isra : 7)

4. Ulah rek midamel karuksakan di muka bumi ieu sarta midamel kagorengan kasasama kusabab Allah henteu mikaresep ka jalma anu migawe karuksakan srg kagorengan. Sakumaha anu kaunggel dina akhir surat:

اِنَّ اللهَ لاَ يُحِبُّ الْمُفْسِدِيْنَ

Hartosna: “Saenyana Allah henteu mikaresep kajalma anu nyieun karuksakan.”

Masyiral Muslimin Rahimakumullah…

Akhirna Khatib mihareup, mudah2an urang sadaya di pasihan kakiatan ku Alloh sehingga sami-sami tiasa ningkatkaen kualitas amal ibadah anu sampurna. Supados urang sadaya tiasa ngahontal kabagjaan hirup dunya rawuh akherat.

Lebih baru Lebih lama