Khutbah Jumat Cara Mensyukuri Kemerdekaan

Khutbah jumat bahasa sunda nikmat kemerdekaan.

أَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِى لاَ شَرَفَ فِى الدُّنْيَا وَالآخِرَةِ إِلاَّ شَرَفَ طَاعَتِهِ فِيْمَا نَهَى وَأَمَرَ، اَشْهَدُ اَنْ لاَاِلـهَ اِلاَّاللهُ وَاَشْـهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَّعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّـابَعْدُ: فَيَـااَيُّـهَااْلحَاضِرُوْنَ, اِتَّقُوْاللهَ حَيْثُمَا كُنْتُمْ وَاِنَّ اْلجَنَّـةَ اُعِـدَّتْ لِلْمُتَّقِيْنَ. وَقَالَ اللّهُ تَعَالَى فِى الْقُرْأَنِ الْكَرِيْمِ، أَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ: وَاِذْ تَأَذَّنَ رَبُّكُمْ لَئِنْ شَكَرْتُمْ لأَزِيْدَنَّكُمْ وَلَئِنْ كَفَرْتُمْ اِنَّ عَذَابِيْ لَشَدِيْدٌ.





Hadirin jamaah jum’ah rahimakumullah

Langkung tipayun mangga urang sasarengan sanggakéun puji miwah syukur ka dzat nu Maha Agung Allah SWT., anu parantos maparingan nikmat kamerdekaan ka urang sadaya khususna bangsa Indonesia.

Sholawat miwah salam mugia salamina didugikeun ka jungjunan urang kangjeng Nabi Muhammad SAW, miwah kakulawargina, para sahabatna, tabiit-tabiin sareng sadaya anu tumut sareng tunduk ajaran manténna

Hadirin rahimakumullah

Ayat al-Qur’an anu pakait sareng perkawis syukur seuéur pisan diuningakéun dina al-Qur’an, salah sawiosna nyaeta ayat anu di unggelkeun dina surat Luqman ayat 12, Allah SWT midawuh:

وَلَقَدْ أتَيْنَا لُقْمَانَ الْحِكْمَةَ أَنِ اشْكُرْ ِللهِ وَمَن يَّشْكُرْ فَإِنَّمَا يَشْكُرُ لِنَفْسِهِ وَمَنْ كَفَرَ فَإِنَّ اللهَ غَنِيٌّ حَمِيْدٌ.

Hartosna: “Jéung sayaktosna Kami géus mere hikmah ka Luqman nyaéta: “Kudu syukuran ka Allah, sareng saha baé jalma anu syukuran ka Allah, maka sayaktosna manéhna geus syukuran kadirina.”

وَاِذْ تَأَذَّنَ رَبُّكُمْ لَئِنْ شَكَرْتُمْ لاَ زِيْدَنَّكُمْ وَلَئِنْ كَفَرْتُمْ اِنَّ عَذَابِيْ لَشَدِيْدٌ

Hartosna: ”Jéung kudu inget dina waktos pangéran anjeun méré terang. Sayakstosna lamun anjeun syukuran, pasti kami bakal nambah nikmat ka anjeun, jeung lamun kupur kana nikmat tikami maka sayaktosna siksa kami leuwih nyeuri.

Hadirin rahimakumullah

Imam Al-Junaidi nyebutkeun: yén nu disebut syukur téh nyaéta “Teu ngamusyrikeun ka Allah dina sadaya kanikmatan ti manténna.

Sareng makna sykur teh nyaeta nga manfaatkeun nikmat ti alloh dina jalan anu di pikaridho.

Conto na ketika urang bersyukur atas nukmat soca. Maka kango ngabuktikeun rasa sukur eta nyaeta ku ngagunakeun paningali urang kana hal anu di pikaridho ku aloh. Henteu di ango kango ningali hal anu haram.

Hadirin rahimakumullah

Dina tafsir Al-Qosimi disebutkeun yén syukur teh diadegkeun atawa diwangun dina lima dasar, nyaeta:

Tundukna hiji jalma ka dzat anu disyukurana, lamun jalma ngaku yen dirina syukur ka Allah tapi teu aya rasa tunduk ka dzat nu disyukuranna, maka syukurna bohong.

Mikacinta ka dzat nu disyukuranna, sagala parentah nu datangna ti Allah maka di laksanakeun secara total.

Ngaku kana sagala kanikmatan anu dipasihkeun ku manténna, moal aya hiji kanikmatan nu dianugrahkeun ka hambana iwalti sadayana karunia manténna.

Muji kana sagala kanikmatan Allah,

Kitu oge dina nga aplikasikeun rasa syukur tina nikmat ka amanan sareng ka merdekaan.

Syukuran atas nikmatna merdeka sanes ukur sekadar yuforia pesta ngarayakeun tanpa subtansi

Tapi urang berusaha ngabuktikeun rasa syukur urang ku cara ngalakukeun perkara anu ngarujuk kana karidhoan Alloh. Seperti berusaha jadi jalma anu nyanak manfaat pikeun lingkungan. Keluarga masyarakat bahkan negara.

Anu di mana sadayana oge eta tos aya tutorialna ti kanjeng nabi muhamad SAW.

Hadirin rahimakumullah

mudah-mudahan Allah SWT masihan kakiatan ka urang sadaya tiasa syukuran kana nikmat kamerdekaan ieu utamina deui nikmat iman, islam ogé ihsan. Amin.

Lebih baru Lebih lama