Khutbah Jum'at kautamaan Muharam




اَلْحَمْدُ للهِ. اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ يَحْشُرُنَا فِي الْمَحْشَرِ.


أَشْهَدُ اَنْ لَا اِلٰهَ اِلَّا اللهُ الْمَلِكُ الْجَبَّارُ


وَأَشْهَدُ اَنَّ حَبِيْبَنَا وَ نَبِيَّنّا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ سَيِّدُ الْاِنْسِ وَالْبَشَرِ.


اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى اٰلِهِ وَاَصْحَابِهِ اَجْمَعِيْنَ اَمَّا بَعْدُ


فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اِتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ.


قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْاٰنِ الْعَظِيْمِ. أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ،



hadirin rohimakumulloh.

alhamdulliah sasih muharom parantos dongkap

anu mana ieu sanes ukur sekedar perhetangan tanggal dina kalender hijriyah.

tapi ieu mangrupikeun panto waktu anu nyanak hikmah fajar.

mangruoikeun harapan baru pikeun jiwa2 anu hoyong berubah jadi pribadi anu langkung sae.

kalayan miharep ampunan sarwng karidhoan Alloh SWT.

sasih muharom seprti taman rohani. tempat di mana binih-binih amal di pelak. anu di cebor ku ka ihlasan kalayan di pelihara di jaga ku istiqomah.

maka saha anu melak amal dina sasih ieu. anjeuna tangtu bakal panen ka berkahan boh di dunya kalayan di aherat.

Rosululloh SAW parantos ngadawuh.

Afdolu siam ba'du romadhon sahrulloh al muharrom.


pang sae-saena puasa saparantosna puasa romadhon. nyaeta puasa dina sasih Alloh al muharrom.

kanjeng nabi nyebat ieu sasih tih sahrulloh sasih Alloh

teu aya sasih nu sanes nu di sebat sasih alloh kecuali muharom.

maka jelas muharom sanes sasih biasa.

maasirol muslimin rohimakumulloh.

aya 3 amalan utama anu janten permata dina sasih ieu

hayu urang tafakuran supaya urang tiasa mulung mutiara fadilahna.

di antawisna nu ka hiji
nyaeta saum tasua sareng asuro dina kaping 9 sareng 10 muharrom mangrupikeun dinten anu di istimewakeun ku kanjneg nabi

dina dinten asyuro Alloh Parantos nyalametkeun nabi misa sareng bani isroail tina kajahatan fir aun.

maka kanjeng nabi saum dina dinten eta sebagai bentuk rasa syukur kalayan ngadawuh.

siamu yaumi asuro ahtasibu Alalloh, ayukafiru sanatal lati koblah.

puasa dina dinten asyuro saur rosululloh. kami miharep tiasa ngahapunten dosa satahun kapengker (h.r muslim)

nu kadua hadirin. tangtosna nga seeurkeun amal soleh

sakumaha dawuhan Alloh dina Al Quran Audzubillahiminasaitonirojim.

inna idzata suhuri indallohisna asaro sahro. pi kitabillahiyauma kholako samawati wal ard. minha arba atun hurum.

saestuna bilangan bulan mungguh alloh aya 12 bulan dina ka tetapan alloh dina waktu anjeuna nyiptakeun langit sareng bumi. di antarana aya 4 bulan hurum (bulan anu suci)

dimana dina 4 sasih eta pami amal soleh pahala di lipat gandakeun kitu oge pami dosa maka ajab na di lipat gandakeun.

maka hayu urang jagi muharom ku kataatan. ngajaga lisan tina ucapan kasar anu pinuh ku hinaan ngahina batur nyarios kasar sareng nu sanes na.

bahkan tulisan atanapi komentar dina media sosial sadayana aya pertanggung jawabanana di hadapan Alloh SWT.

tapi justru basehan lisan urang ku dzikir sareng istigfar mohon ampun ka Alloh SWT.

jalmi anu pepelakan ku kasaean dina sasih anu sauci. seperti melak pepelakan dina taneuh anu subur.

salajengna anu katilu nyaeta Hijrah.
Hijrah hate sareng hijrah jiwa.

muharom mangrupikeun tanda hijrah rosululloh ti mekah ka madinah. tapi ayeuna urang henteu di tuntut hijrah secara fisik. tapi urang di tuntut hijrah secara batin, secara hate.

hijrah tina lalai kana sadar
tina maksiyat kana taat
tina sibuk merhatikeun salah na batur kana introspeksi diri pribadi.
tina sibuk ngarasa leuwih ti batur kana twadhu kalayan rendah hati.

sakumaha dawuhan kanjeng nabi.

wal muhajiru man hajaro manahallohu anhu.

sareng saestuna jalmi anu hijrah nyaeta jalmi anu ningalkeun perkara anu ku alloh Di Larang.

hadirin rohimakumulloh 3 anu neme sanes ukur sekedar amalan. tapi mangrupikeun jembatan pikeun menuju kana karidhoan Alloh SWT.

mugia Alloh nampi kana setiam amal kasaean Urang sadaya Aamiin.
Lebih baru Lebih lama