Khutbah Jumat Bahasa Sunda Episode 1


Judul Khutbah Jumat Tentang Taqwa Jeung Ahlak Anu Mulia


الـحَمْدُ للهِ عَلَى إِحْسَانِهِ ، وَالشُّكْرُ لَهُ عَلَى تَوْفِيْقِهِ وَامْتِنَانِهِ ، وَأَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ تَعْظِيْمًا لِشَأْنِهِ ، وَأَشْهَدَ أَنَّ مُـحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِي إِلَى رِضْوَانِهِ، صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَإِخْوَانِهِ وَسَلَّمَ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا، أَمَّا بَعْدُ

Alhamdulillaahi 'alaa ihsaanih, wasy-syukru lahu 'alaa tawfiiqihi wam-tinaanih.


wa asyhadu allaa ilaaha illallahu wahdahu laa syariika lahu ta'zhiiman lisya`nih,
wa asyhadu anna muhammadan 'abduhu wa rasuuluhud-daa'ii ilaa ridhwaanih, shallallaahu 'alaihi wa 'alaa aalihi wa shahbihi wa ikhwaanihi.
wa sallama tasliiman katsiira amma ba'du.

Ayat taqwa
Dll

Hadirin :

ISLAM mangrupikeun agama anu sampurna, anu ngatur setiap sendi kahirupan manusa dina setiap waktu srg ka ayaan.

Islam mangrupikeun jalan anu di pasihkeun ku alloh kango urang, pikeun ngaraih kasalametan dunya aherat.

Ku margi sakitu, salah satu prinsif agama islam dina kahirupan urang, nya eta rohmatal Lil alamin,

nya eta maparin rahmat, maparin ka sejahtraan, kasalametan sareng kadamaian di alam dunya.

Kango nga realisasikeun hal eta, maka sebagai muslim, urang di tuntut kedah ngagaduhan dua sifat atanapi dua karakter dina kahirupan sa didinten

Dua prinsif eta. Nya eta ahlak anu mulia sareng elmu anu memadai

Hadirin.

Ahlak atanapi budi pekerti anu sae, mangrupiken tolak ukur ka imanan seseorang.
Semakin sae ahlakna, maka semakin sampurna ka imanan nana

Saur sosululloh SAW
Yu do u fil mizani yaumal kiyamah.
Taqwallohi wahusnul huluq

Amal anu paling berat di mizan dinanpoe kiamat, nyaeta taqwa ka alloh sareng ahlak anu mulia

Taqwa nyaeta ngajaga hubungan urang sareng alloh. Sementara ahlak anu mulia ngajaga hubungan sareng sasama mahluk. Ku salah sawiosna nyaeta, henteu nganyerikeun hate atau bahkan fisik sasama manusa atanapi mahluk Alloh Nu sanes.

Dina hadits anu sanes Rosululloh SAW Parantos Ngadawuh

Al MUSLIMAN Salimal Muslimuna Milisanihi Wayahdih

: Jalma Muslim Anu Sa Leres2 Na. Nya eta jalmi anu Tiasa Ngahadirkeun Rasa Aman pikeun Muslim Nu Sanes Tina Gangguan Lisan sareng Panangana.

Seorang Muslim Sejati Kedah Tiasa Ngajaga Lisan Na tina Nganyerikeun Batur,
Salasawiosna Tina Nga Hina, Ngafitna, Ngagibah sareng Nu Sanes na.

Ahlak Muslim Oge Nyaeta Anu senantiasa ngajaga panangan tina hal anu matak ngazoliman muslim nu sanes.

Maka haram pikeun jalmi muslim. NGARAMPAS milik batur, Korupsi, nipu, maling Atau bahkan neror ka papada jalmi.

Muslim anu Berahlak Bakal Ngacontoh ahlak nabi muhammad SAW. Anu teu gampang nyalahkeun batur, oge teu pernah zolim ka papada jalmi.


Hadirin :

Selain Ahlak Anu Sae, kango Ngahadirkeun Rohmatal Lil Alamin.

Seorang Muslim Oge di Tuntut Kedah Ngagaduhan Elmu.
Sabab naon wae anu di lakukeun ku urang, upami tanpa di landasi ku elmuna, maka karusakan anu di hasilkeun langkung ageun daripada manfaatna.

Aya seseorang anu masihan pengajaran agama misalna. Tapi elmu na henteu memadai. Maka karusakan anu di timbulkeun langkung ageung daripada manfaatna.

Bujeng2 dina masalah agama, dina masalh dunia oge contoh na aya jalmi anu teu paham dina pembangunan, tapi maneh na nekad ngadamel bumi tanpa elmu anu memadai,

Maka suatau saat eta bumi bisa ngabahayakeun anu nyalikananan. Sanes ukur bahaya ker dirini, tapi justru bisa ngabahayakeun batur.

Maka ku kitu dina Islam, Elmu Mangrupikeun Hal Anu sangat Penting. Bahkan derajatna na unggul mungguh Alloh.

Sakumah dawuhan nana dina surat Al Hujurot.

Audzubillahiminasyaitonirozim.

Yarfaila hulladzina amanu minkum, walladzina utul ilma Darojat.

Alloh bakal ngangkat darajat jalim anu ber iman sareng ber ilmu sababarah derajat.

Maka ku kituna urang sebagai seorang muslim wajib nuntut elmu, supaya tiasa bermanfaat kango kadamaian sareng ka maslahatan dina kahirupan

sakumaha dawuhan rosululloh

Atolabil ilmu paridotun ala kuli muslimin, wal muslimat.

Nuntut elmu hukumna wajib kango setiap muslim sareng muslimat.

Hadirin :

Maka Upami seorang muslim ngagaduhan dua karakteur ieu, nyaeta Ahlak Anu Mulia sareng elmu. Maka insya Allah anjeuna bakal jadi muslim anu Kaffah.

Muslim anu di pika cinta ku Alloh Oge di Pikanyaah Ku papada jalmi nu sanes.

Mudah2an alloh mafarin taufiq kasehatan sareng hidayahna, supaya urang tiasa ngawujudkeun dua karekter ieu nyaeta jalmi anu ber ahlak sareng ber ilmu.

Aamiin


Khutba kadua


Ibadaloh, inaloha ya muru bil adli wal ihsan. Wa ita idil kurba wayanha ani fahsa iwal munkari wal bagi. Ya idukum la alakum tadakarun, wad kurulohal adzim. Yad kurkum wala dikrulohi akbar.
Lebih baru Lebih lama