Khutbah Idul Fitri 1447 H 21 Peb 2026

 Allahu akbar 3x Allohu akbar 3x allohu akbar 3x allohu akbar walillahilhamd.



Alhamdulillahiladi haroma siyam, ayama a'yadi diyafatal Li Ibadi Solihin.


Ashadu Ala ilaha ilallahu wahdahula Syarikalah.

Aladzi ja'alal janata lil mutaqin.


Wa ashadu ana sayidana wa maulana muhamadan abduhu warosuluh

Adda'i ila sirotil Mustaqim.


ALLOHUMA SOLI WASALIM WABARIK ALA SAYIDINA MUHAMMADIN. W ala alihi wasoh bihi waman tabi ahum ni ihsanin ila yaumidin. Amma Ba'du


Paya ibadalloh usikum wanafsi bitaqwalloh. Paqolallohu taal pi kitabihil karim. A'udzubillahiminasaiton Nirojim.


Ya Ayuhaladzina amanu taqulloha haqotu kotihi wala tamutuna ila wa antum muslimun.


 Wa kola ta'ala ya ayuhaladzina amanu takulloha wakulu koulan sadida, yslih lakum a malamuk wayagfirlakum dunu bakum. Wamayutiilaha lahu fakod faza fauzan adzima.


Jamaah sholat idul fitri rohimakumulloh.


Hayu urang sami sami berusha ningkatkeun ka taqwaan ka Allah SWT. Ku ngajalankeun sadaya parentahna sareng ngajauhan sadaya larangan nana.


Allhu Akbar 3X. Dina dinten anu fitri ieu hayu urang agungkeun Alloh SWT. Sareng bersyukur tina sadaya nikmat anu di pasihkeun.


 Di antawisna aya nikmat ka imanan. Dinten ieu Alloh masih keneh mantepkeun hate urang.


 Pikeun ukur ka mantena urang nyembah sareng ukur ka mantena urang nyungkeun pitulung.


Sarta nikmat kasehatan. Sehingga mampu urang ngalengkahkeun sampean kango hadir sasarengan di ieu tempat pikeun ngalaksanakeun sholat iedul Fitri. 


Oge aya nikmat waktu. Allah maparinan waktu sareng kasempatan pikeun urang pepenak deui sareng Hari raya idul fitri. Sareng nikmat nu sanesna anu moal tiasa di sebatan hiji-hiji.


Alloh parantos ngadawuh.


Yuridullohu bikumul Yusro. Wal yuridu bukumul usro, Walitukmilul idata walitukabirulloha

Ala ma Hadakum wala alakum taskurun.


Allah maparin kamudahan ka anjeun. Sareng moal nyusahkeun ka anjeun. Ku kituna pek cukupkeun ku anjeun bilangan nana. Kalayan agungkeun Gusti Allah tina Petunjuk anu di paparin ka anjeun supaya aranjeun kabeh Bersyukur.


Allahu akbar allohu akbar allohu Akbar


Hadirin sidang ied rohimakumulloh


Saparantosna Mata hari suruk di sonten kamari. 


Maka berakhir oge waktu sareng kasempatan urang pikeun ngarasakeun. Detik demi detik menit sadidinten sasih anu mulya nyaeta sasih romadhon, 


bulan pinuh ku ampunan tanpa aya kapastian yen naha urang teh bakal penak deui sareng romadhon tahun payun.


Urang teu apal naha dina sasih romadhon taun payun. Jantung urang bakal masih keneh berdetak. Naha urang bakal tiasa keneh ngariung sareng sanak keluarga. Naha urang teh bakal bisa keneh shalat taraweh sasarengan atanapi sekedar maca tadarus al quran.


Terkadang urang lengah tina waktu nu masih keneh ku Allah di pasihan. Ngarasa waktu teh bakal hayoh aya. Padahal tiasa wae kasempatan nu kamari ku Allah di pasihkeun ka urang. Ku Alloh di pegatkeun. Ku alloh teu di pasihan deui kasempatan.


Sabab umur teu pandang sehat. Teu pandang anom atanapi bugar na diri urang. Aya waktosna dimana tubuh anu di pikacinta ku urang. Tubuh ana di banggakeun ku urang ngke moal tiasa deui usik malik, soca teu tiasa deuing ngiceup bahkan jantung tos teu tiasa berdetak.


WALI KULI UMATIN AZAL. FA IDA ZAA A AJALUHUM LA YAS TAKHIRUNA SAAH. WALA YASTAQDIMUN.


Setiap umat aya azal na. Upami parantos dugi kana ajal na. Maka teu tiasa di tunda sok sanajan sa detik atawa di gancangkeun.


Allohu Akbar Allohu Akbar Allohu Akbar


Ketika urang Nguping sora takbir. Terkadang teu karaos ci soca ngucur. Dada asa sesek sabab kadang aya rasa sono anu teu katedunan. Aya kenangan anu teu tiasa di ulang.


Asa cikeneh di tahun kamari aya sosok nu di pikanyaah ku urang masih tiasa ngiring foto bersama. Masih aya anjeuna calik ngariung babarengan.


Taun kamari seuri hereuyna masih ka kuping. Tapi taun ayeuna. teu aya deui anjeuna ngariung babarengan. Nu nyesa ngan ukur sekedar kenangan nana. Kabayang wajahna nu kabayang kur senyum na. 


Allahu akbar Allohu Akbar Allohu Akbar.


Idul fitri terkadang ngajarkeun ka urang sadaya . Yen waktu mangrupikeun kanikmatan anu teu ka nilai harga na. Waktu pepenak sareng romadhon. Waktu pepenak sareng keluarga. Sadayana terkadang karek ku urang karasa. karek urang sadar, kana nikmatna upami momen eta tos teu aya.


Maka hadirin rohimakumulloh.


Mempeung waktu masih keneh aya, umur sareng kasempatan masih keneh aya,

Hayu urang gunakeun usia anu aya kango ibadah ka Allah SWT.


Semangat na ibadah dina sasih romadhon, semangat na ngaos Al quran Sareng angkat na urang ka masjid. Hayu urang sami2 sami istiqomahkeun urang teraskeun dina sasih2 salajengna.


Hadirin Rohimakumulloh.


Salami waktu masih keneh aya. Hayu urang sami manfaatkeun sanes kanten anu terbaik kango keluarga urang.


Urang pastikan yen harta nu di siar mangrupikeun harta anu halal.


Urang usahakeun setiap nu ku urang di lakukeun patut di jantenkeun teladan, sebagai kepala keluarga aya tugas anu berat. 

daek teu daek. Siap teu siap kedah ku urang di lakukeun. 


Sakumaha dawuhan Allah dina Al Qur'an.


Audzubillahiminasaiyton nirojim.


YA AYUHALADZINA AMANU KU ANFUSAKUM NARO. NARO WAKUDUHANASU WAL HIJAROH ALAIHA MALA IKATUN GILADUN SIDADU LA YA SUNALLOHA MA AMAROHUM WAYAF ALUNA MA YU MARUN.


Hei jalma anu iman. Riksa diri anjeun sareng kulawarga anjeun tina seneu naraka. Anu bahan bakarna nyaeta manusa jeung batu. Anu di jaga ku malaikat anu bengis tur kasar. Sarta sok ngagugu kana naon anu setiap di parentahkeun ku Allah.


Di jaman anu pinuh ku godaan model kiwari, hayu urang sami2 berusaha janten irang tua anu patut di conto sebagai teladan kango murang kalih urang.


Sebagai sepuh. Teu teking dugika urang ukur fokus kana perkara dunia na, atani karir sareng padamelan nana.


Wajib pikeun urang merhatoskeun. Apakah atos murang kalih urang ngajalankeun parentah agama? Ngajaga ahlak sareng ngajaga solatna?



Allohu akbar allohu akbar Allohu akbar.


Hadirin jamah sidang ied rohimakumulloh.


Mengepung masih aya keneh waktu.

Sebagai anak hayu urang sami2 ngalatih diri mikanyaah kanu janten ibu rama, 


Kalintang bagja na kango urang anu masih keneh ngagaduhan ibu rama, 


Bapak urang mangrupikeun hiji sosok anu seakan teu pernah cape buburuhbsiang wengi kango nganapkahan anak istrina.


Bahkan bapak urang teu pernah merdulikeun kasehatan badana. Anu penting ker anjeuna supaya kumaha carana supaya anak na bahagia. Keluargana bahagia.


Seeur keluh kesah anu saleresna tiasa di caritakeun.


 Seeur masalah anu ku anjeuna di pikrian. Tapi ku bapak urang lewih hade di pendem. Di pikiran ku nyalira. 


Bapak urang teu hoyong keluargana ngarasakeun kasusah tina masalahna.


Bapak anu paling seeur nahan cai matana.

Bapak anu paling sering nahan kanyeri.

Bapak anu paling bingung ngemutan kumaha carana supaya anak istrjna tiasa barang tuang.


Bapak urang mangrupikeun sosok anu hoyng ningali urang lewih sukses ti anjeuna.

Bapak urang rela buburuh di tutunyuk ku batur.

Demi supaya urang. ulah aya nu ngahina

Bapak urang terkadang rela di rendahkeun ku batur.

Demi supaya urang ulah aya anu ngarendahkeun.


Bapak urang memang teu pandai nunjukeun rasa nyaah ka istri sareng anakna.

Bahkan teu pandai naroskeun kabar urang. 


Tapi yakinkeun hate urang hadirn bapak urang kacida pisan badag rasa nyaahna ka urang sadaya.


Ibu. Anu kacintana moal ka bales. Kanyaah na moal ka bayar, ketika urang nuja dina kandungan. Sabar anjeuna nahan rasa engap sareng berat ka mana-mana.


Pas waktu urang di lahirkeun, nyawa anu janten taruhanana. Bahkan ketika urang masih orok nangis tengah peuting.maka ibu urang nu terus begadang ngeyong urang ngajaga tina sagala bentuk gangguan. Bujeng bujeng anu matak nganyerikeun urang. Rengit ngegel oge langsung di gebah bisi urang kuma onam.


Doa ibu urang anu teu pernah ereun sangkan urang sukses. Sa luhur kumaha jabatan urang sa gagah kumaha urang di hadapan manusa.


Sadaya prestasi anu di raih ku urang ayeuna. Di satukangeun te lepas tina perjuangan ibu rama urang.


Dina momen idul fitri ieu. 


Teu kenging segan urang nundukeun mastaka di payunen ibu rama. Sungkem nyungken hapunten tina setiap kasalah urang salami ieu.


Karna hadirin rohimakumulloh. Bisa jadi ayeuna urang tiasa ngarangkul panangan ibu rama di taun ieu. Tapi teu tangtu bakal tiasa kitu deui taun payun.


Bersyukur urang anu tiasa penak sareng ibu rama urang. Teu saalit jalmi anu teu mampu mulang ka lemurna karna berjuang nyiar napakah keluarga na.


Teu saalit anu hoyong penak sareng ibu bapa na. tapi mung tiasa nangis di luhureun kuburan nana.


Yakin sareng percaya urang suatu saat moal tiasa deui ningali wajhna. Urang Moal tiasa deui ngingali senyum tulusna. 


Maka upami kasempatan eta masih keneh aya bageakeun aranjeuna. 


Hadirin rohimakumulloh


Saupami aranjeuna parantos teu aya. Teukenging petot urang ngadoakeun ka araneuna.


Karna hiji-hijina harapan orang tua urang di alam kubur nyaeta kiriman doa ti marurangkalihna.


Allohu Akbar Allohu Akbar Allohu Akbar.


Hadirin rohimakumulloh.



Hiji papatah arab parantos nyebatkeun.



LIKULI SORIMIN NABWAH. WALIKULI JAWADIN KABWAH. WALI KULI ALIMIN HAFWAH.


Tiap pedang nu seket bisa nyoledat.

Tiap kuda nu gesit bisa tijalikeuh

Oge tiap anu berilmu kadang bisa salah.


Setiap urang pasti pernah ngalakukeun kasalahan.

Mudah-mudahan dina momen iedul fitri ieu Allah ngasucikeun urang sadaya tina kasalahan ngahupenten sadaya kalepatan kalayan nampi kana sanes kanten amal kasaean amiiin ya alloh yarobal alamin.



Akulu Qouli Hada wastagfirullohuli walakum wari sa iril muslimin inahu hual gofurur rohim.


Khutbah ke dua bahasa sunda.


اَللهُ أَكْبَرْ،3x اَللهُ أَكْبَرْ،4x اَللهُ أَكْبَرْ، اَلْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، أَشْهَدُ أَنْ لاَإِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ


فَيَاعِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِيْ كِتَابِهِ اْلعَظِيْمِ

 إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِيِّ، 

يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ أَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا

اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ اَلِهِ وَأًصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ.


 وَعَلَيْنَا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ



اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِماَتِ، وَاْلمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَات، اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ يَا قَاضِيَ اْلحَاجَاتِ


رَبَّنَا افْتَحْ بَيْنَنَا وَبَيْنَ قَوْمِنَا بِاْلحَقِّ وَأَنْتَ خَيْرُ اْلفَاتِحِيْنَ. 


رَبَّنَا أَتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ


عِبَادَ اللهِ إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهىَ عَنِ اْلفَحْشَاءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوْا اللهَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

Lebih baru Lebih lama