Khutbah Jum'at Bahasa Sunda Ciri Orang Yang Dirindukan Surga

Khutbah jumat denfan tema ciri orang yang di rindukan surga, ini adalah sebuah khutbah jumat bahasa sunda yang bisa menjadi referensi anda.

Ini merupakan sebuah catatan pribadi saya mengenai khutbah jumat bahasa sunda yang sudah saya pakai dan di simpan di blog ini barang kali ada yang memerlukan.



إنَّ الـحَمْدَ لِلّهِ نَـحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ، وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَن لاَّ إِلَهَ إِلاَّ الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُـحَمَّداً عَبْدُهُ
وَرَسُولُه.


اَللهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن

أَمّا بَعْدُ

Paya ayuhal hadirun : usinafsi waiyakum bitaqwalloh paqod pajal mutakun
Qollohu taala :

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا
وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ

Wa Qola Ta Ala:
اِنَّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوْا الصّٰلِحٰتِ لَهُمْ جَنّٰتُ النَّعِيْمِ 


Hadirin rohimakumuloh. puji sinareng urang sami2 panjatkeun ka Alloh robun gofur. kana ni’mat anu dipaparinkeun ka urang, ni’mat iman, ni’mat Islam, ni’mat kaséhatan ku kituna kalayan ni’mat ieu dina siang ieu urang tiasa ngalaksanakeun kawajiban sholat jum’at berjamaah.

Sholawat sinareng salam mugia salamina dicurahkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad shallallahu alaihi wasallam, ka kulawargina, ka para sahabatna sareng ka urang sadaya salaku umatna. Mudah2an urang kengi safaat ti mantena amin.

sateuacan khatib ngadugikeun khutbah di dieu khatib seja wasiat khususna pikeun diri pribadi, umumna umat islam anu hadir dina kasempetan ieu hayu urang sasarengan ningkatkeun kualitas taqwa ka allah dina harti taqwa anu saleres leresna.

ngalaksanakeun sagala parentah Alloh ngajauhan sagala larangan-Na

Sabab ngan ku taqwa, Allah ngagampangkeun urusan urang. Ngan ku taqwa, Alloh maparin rizki ti jalan anu teu disangka-sangka.

Hadirin Rohimakumulloh

Rosululloh SAW parantos ngadawuh dina salah sahiji hadits anu diriwayatkeun ku Imam Abu Daud Imam at-tirmidzi ti Ibnu Abbas.

Aya opat golongan jalma anu Di pikasono ku surga, Saur rosululloh. Al jannatu mustaqotun Ila arbaati nafarin. talil Quran, Wahafidzi lisan, wa mut imil jian, wa saomi romadon.

Dawuhan Rosululloh aya 4 golongan jalmi nu bakal di pkasono ku surga.
Surga bakal sono ka maranehna

Saha jalmi anu di pikarindu ku surga?, anu kahiji saur Rosulullah talil Qur'an, jalmi anu sok maca Al Qur'an

Al Qur'an mangrupikeun pituduh pikeun kahirupan urang salaku jalma mukmin
Bujeng2 urg maca, neme nyepeng Al Qur'an wae tos di etang ibadah, ketika urang ningali huruf Al Qur'an,
nalika urang ngucapkeunana sacara lisan urang maca Al Qur'an.

Maka di catet ku Alloh eta teh mangrupikeun amal ibadah, Saking ku utama na Al Qur'an.

Malah dina hadits anu sanés Nabi ngadawuh:

"Man qoroa harpan min kitabilahi, falahu bihi hasanatun."

Sing saha anu maca sa hurup hungkul, tina ayat suci Al Qur'an, maka sahurup eta Alloh SWT ngetang sebagai 10 kebaikan.

Wal hasanatu biasri amsa liha

" La akulu Alif lamim" kami teu nyebatkeun alif lamim sebagai satu huruf, walakinn akan tetapi. al alifu harpun alif satu wa lamu harpun lam satu huruf, wa mimu harfun mim satu huruf.

Janten, upami urang maca Alif Lamim eta twh tos 30 rahmat anu kulalloh lungsurkwun ka urang.

bahkan saur Sayyidina Utsman, lau sohat kulubana lama sabiat minal Qur'an. Jalmi anu hate na bersih jalmi nu hatena lurus jalmi anu hatena benar anjena moal wareg kana membaca Alquran.

Dina hadits anu sanés, Rosululloh ngadawuh yén pikeun jalma anu sok maca Al Qur'an, hiji ayat bakal diganti ku 10 kasaean.

Hadirin Rohimakumulloh

Kemudian anu kedua jalmi anu dirindukan surga " Wa Hafidzi Lisan" jalmi anu menjaga lisan..
.
Dina hadits anu diriwayatkeun ku Imam Bukhari dina kitab Adabul Mufrad, yen hiji mangsa aya sohabat anu nyaritakeun Rasulullah SAW ngeunaan hiji jalmi anu ahli ibadah tapi lisan nganyenyeri batur . “Ya Rosululloh, aya hiji jalmi anu rajin sholat peuting (tahajud) srg ahli dikir, resep puasa dina waktu siang, aktip kana amal soleh sareng seeur sodakoh. Tapi anjeunna sering nganyeri hatekeun tatanggana ku ucapan nana."

Ngadangu laporan ieu, Rosululloh SAW ngawaler, "Henteu aya kahadéan dina diri anjeunna sareng anjeunna kalebet pangeusi naraka." para sahabat naroskeun ka Nabi SAW perkawis musababna. "Kunaon?" Saur sahabat..

Rasulullah SAW ngawaler, “Sabab lisana sok nganyenyeri batur. Suka ngaganggu nganyeikrun ku omonganana. Maka Sagala amal ibadahna hancur taya sesa na.

Sabalikna aya jalmi anu ukur ngalaksanakun shalat wajib hungkul puasa wajib hungkul sareng bersedekah ukur sepotong korma namun lisana di jaga tin cariosan anu teu guna”

Mak sau rosululloh, “ maneh na termasuk penghuni surga.” Anu kitu anu di pika sono ku surga.


teras anu katilu jalmi anu di pikasono ku surga nya eta "Wa mut imil jian" jalmi anu masihan tuang kanu lapar,

jalmi aanu masihan kanu ker butuh, hnteu mandang saha jalmi na nu di pasihan. masihan tuang kalayan ikhlas, niat urang ka Alloh Subhanahu Wa Ta'ala, kanteunan tuangen anu ku urang dipasihkeun ka jalma anu soleh ka jalma anu taqwa, tina katuangan eta manehna bisa ibadah ka Alloh Subhanahu Wa Ta'ala.

Maka kasaean2 anu dilakukeun ku eta jalma, anu di pasihan tuang ku urg, urang tiasa panen pahala na. " MAN SANA HASANATAN FALAHU ajruha waajruman amila biha ila yaumil qiamah

Saha jalmi anu masihan kasaean kemudian orang lain lakakukeun kasaean rersebut. Maka pahalana bakal alloh kocorkeun dugi ka poe kiamat.

Kemudian anu ka 4. Jalmi anu di pikarindu ku surga nyaeta jalmi anu senantiasa puasa di bulan romadhon, alhamdulillah ayeuna urang tiasa ngalaksanakeun puasa romadhon. Mudah mudahan alloh ngamudahkeun ka urang sangkan urang tiasa puasa ku hate anu ikhlas.

Man sauma romadona imanan wahtisaban gufirolhu matakodama min dambih.

Saha jalmi anu puasa dina bulan romadhon ku iman sareng kataatan, maka alloh bakal ngahampura dosana nu tos kalangkung.

Jadi 4 golongan jalmi anu sangat di rindukeun surga nu ka 1 nyaeta anu rajin baca quran 2 anu ngajaga lisan, 3 anu masihan tuang kajalmi nu lapar ka jalmi nu butuh, anu ka 4 puasa di bulan romadhon.

Sareng anu opat ieu kedah berjalan bersamaan. Sabab wau didieu wau atof mutlak jama. Ketia seorang ngalakukeun kebaikan anjena maca quran kemudian anjeuna ngaja lisan oge masihan kanu butuh srg puasa romadhon.

Amalan ieu hnteu terputus putus. Maka jalmi ieu di jamin ku alloh anu bakal di pikarindu ku surga.

Tutup :

Akulu kouli hada...



عِبَادَ اللهِ، إنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبَى ويَنْهَى عَنِ الفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ.
Lebih baru Lebih lama