Khutbah jumat 3 tetenger agama




Sidang Jumah Anu dimulyakeun ku Alloh   Sugrining puji anu sampurna sareng pangalem anu sagemlengna eta tetep kagungan Alloh, anu mika welas ka para hambana, anu ngaluhurkeun darajat anu bakti ka Anjeunna.

Sholawat sareng salam anu utami mugia tetep dilimpahkeun ka pang afdol-afdolna nabi, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad saw.

miwah ka kulawargina, ka para sahabatna, ka tabi’in tabiatna, dugika urang sadayana salaku umatna.  mudah2an urg kenging safaat ti mantena aamiin

Teu hilap, ngalangkungan mimbar anu mulya ieu, khotib seja ngadugikeun kagegelan wasiat ka sadayana ahli Jumah, khusus ka diri pribadi,

sumangga urang sasarengan ngiatkeun wangunan kaimanan sareng katakwaan ka Alloh swt, margi takwa mangrupikeun pang sae-saena bekel urang napak dina perjalanan Alloh sareng uih ka Mantenna.  

Hadirin rohimakumulloh

, Salah sawios ayat Al-Quran anu dikapayunkeun ku khotib dina saah anu ayeuna nyaeta sakumaha dawuhan Alloh.

كُلُّ ‌مَنْ ‌عَلَيْها فَانٍ ، وَيَبْقَى وَجْهُ رَبِّكَ ذُو الْجَلالِ وَالْإِكْرام  

Hartosna, “Sadayana anu aya di muka bumi bakal ruksak. Nanging, Dzat Pangeran anjeun anu gaduh kaagungan sareng kamulyaan nu bakal abadi,” (QS. Ar-Rahman [55]: 26-27).  

Jelas kadangu tur kahartos ku urang sadayana, oge eta pisan anu kedah janten kayakinan urang salaku makhluk anu kumelenang di alam dunya. Dina waktu anu tos ditangtoskeun urang bakal ruksak oge mulang ka akherat.

Kacida rugina pami urang poho kana prinsif ieu.   Kalih ti eta,ieu prinsif teh parantos dikiatkeun ku wasiat Malaikat Jibril ka Kangjeng Rosul, sakumaha anu dina hadits:

جَاءَ جِبْرِيلُ إِلَى النَّبِيِّ صلى الله عليه وسلم، فَقَالَ:يَا مُحَمَّدُ، ‌عِشْ ‌مَا ‌شِئْتَ فَإِنَّكَ مَيِّتٌ، وَأَحْبِبْ مَنْ أَحْبَبْتَ فَإِنَّكَ مَفَارِقُهُ، وَاعْمَلْ مَا شِئْتَ فَإِنَّكَ مَجْزِيٌّ بِهِ  

Hartosna, “Hiji waktos, Malaikat Jibril sumping ka Kangjeng Nabi saw., teras sasauran, “He Muhammad, prak hirup anjeun sasuka anjeun, ngan sing emut saenya-enyana anjeun bakal maot. Oge prak pikacinta jalma anu dipikacinta ku anjeun, ngan sing emut saenya-enyana anjeun teh bakal pisah jeung manehna. Oge prak pigawe sakadaek anjeun, ngan sing emut anjeun bakal dibere balesan ku sabab eta pagawean,” (HR. Ath-Thabrani).   Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh,  

Janten numutkeun eta hadits, urang salaku manusia , gaduh tilu prinsif.  Kahiji, urang menang hirup sakarepna, ngan ulah hilap ruh urang bakal pisah jeung jasad urang.Nyaeta Maot tea .

Numutkeun kahoyong nafsu mah memang urang hoyong sagenahna hirup teh. Hayang sakarepna srg salamina. Nanging sakumaha urang resep sareng sakumaha betah di alam dunya, keukeuh dina waktosna mah urang bakal disapih ku maot oge kedah balik ka akherat. 

Sakumaha dawuhan Alloh SWT.

كُلُّ نَفْسٍ ذَاۤىِٕقَةُ الْمَوْتِۗ ثُمَّ اِلَيْنَا تُرْجَعُوْنَ 

Hartosna, “Satiap anu bernyawa pasti bakal ngasaan kamatian,” (QS. Al-Ankabut [29]: 27).

Kadua, urang meunang mikacinta saha wae, oge mikacinta naon wae, ngan ulah hilap urang bakal pisah sareng anu dipikacinta. Sidik jeung tetela, perkara anu dipika cinta teh koncina lamun teu ditingalkeun ku urang, bakal ningalkeun urang. Urg yakin sareng faham bahwa saupami urang maot moal aya nu di canak kecuali boeh

Al-Quran nyebatkeun, harta srg anak katurunan teh ukur perhiasan tur kaendahan dunya, sedengkeun nu leuwih alus balesannana di payuneun Alloh mah nyaeta amal-amal anu soleh. 

اَلْمَالُ وَالْبَنُوْنَ زِيْنَةُ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَاۚ وَالْبٰقِيٰتُ الصّٰلِحٰتُ خَيْرٌ عِنْدَ رَبِّكَ ثَوَابًا وَّخَيْرٌ اَمَلًا

Hartosna, “Harta jeung anak turunan eta teh perhiasan kahirupan dunya, sedengkeun amal kahadean anu abadi. eta teh leuwih hade balesanna di payuneun Pangeran anjeun sarta leuwih alus keur jadi harepan,” (QS. Al-Kahfi [18]: 46). 

Anu katilu, urang meunang midamel naon wae, dek maling. nipu .korupsi.nyekek rakyat ku aneka pajak. Nyusun kebijakan anu nguntungkeun elit pejabat nu di luhur tapi nyangsarakeun rakyat. sadayana oge bebas.

nanging sing emut urang bakal kenging balesan tina eta padamelan. Hartosna, urang teh teu tiasa samena-mena nalika gumelar di alam dunya.

Sabab, urang baris mempertanggung-jawabkeun padamelan urang. Terutami padamelan awon urang. sing emut urang kana balukarna, nyaeta kaadilan sareng balesan ti Alloh swt.

Saalit kumaha kasaean sareng kaawonan urang, tinangtos bakal ditingalikeun ka urang oge bakal kenging balesan anu satimpal.

Sakimaha dawuhan Alloh SWT.

فَمَن يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ خَيْرًا يَرَهُ،  وَمَنْ يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ شَرًّا يَرَهُ 

Hartosna, “Sing saha-saha anu midamel kasaean najan sebeurat siki sasawi, maka manehna bakal ningal (balesan)-nana. Oge sing saha-saha anu midamel kajahatan najan sabeurat siki sasawi, maka manehna bakal ningal (balesan)-nana,” (QS. Az-Zalzalah [99]: 7-8). 

Hadirin Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh Ku hal sakitu, kade urang hilap kana ieu prinsif dasar anu tilu. Sabab, ieu pisan nu janten panduan urang ngalengkah jeung napak di jalan Pangeran. Tujuanna supaya urang kenging kabagjaan dunya  rawuh akherat.

Lebih baru Lebih lama