Khutbah jum'at bahasa sunda yang akan saya berikan ini adalah bertemakan tentang kebiasaan para ulama di bulan rajab
Semoga bisa menjadi inspirasi lalu kemudian bisa anda sampaikan kepada jamaah, dan berikut ini silahkan di simak setelah mukodimah dan wasiat taqwa
Maka langsung kepada pembahasan berikut ini...
Hadirin rohimakumulloh.
Alhamdulliah dugi ka dinten ieu. Alloh masih manjangkeun yuswa urang. Sehingga urang parantos dugi kana sasih anu mulia nya eta sasih rajab
Di mana ieu sasih mangrupikeun sasih anu di mulya keun ku alloh sepesial. Anu mana ketika urang ngiring partisipasi kana ieu sasih ku jalan ningkatkeun ibadah.
Maka Alloh bakal ngalipat gandakeun pahala tina amal kasaen di bandingkeun sasih anu sanesna.
Sakumaha dawuna Alloh Dina Al Qur'an
Audzubillahiminasaitonirojim
اِنَّ عِدَّةَ الشُّهُوْرِ عِنْدَ اللّٰهِ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا فِيْ كِتٰبِ اللّٰهِ يَوْمَ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ مِنْهَآ اَرْبَعَةٌ حُرُمٌۗ ذٰلِكَ الدِّيْنُ الْقَيِّمُ ەۙ فَلَا تَظْلِمُوْا فِيْهِنَّ اَنْفُسَكُمْ
Sa estuna bilangan bulan mungguh Alloh nyaeta Aya 12 bulan. Dina ka tetapan alloh pas waktu nuju nyiptakeun langit sareng bumi.
Di antarana aya 4 bulan Huruum ( anu suci)
Maka anjeun ulah ngadzoliman diri aranjeun dina 4 bulan eta ( Q.S Ataubah 36)
Hadirin...
Anu di maksud PALA TADLIMU PIHINA ANPUSAKUM nyaeta urang dilarang ngalakukeun dosa terhusus dina sasih rajab.
Sabab saur dina tafsir (at tobari) upami urang ngotoran bulan anu di sucikeun ku Alloh khususna Rajab. Maka ancaman dosa na bakal di lipat gandakeun.
Kitu oge upami urang ngalakukeun ka saean. Maka Seeur pisan Fadillah anu parantos di janjikeun ku Alloh.
Maka didieu para ulama ku ka elmuan aranjeuna. Antusias berlomba lomba ningkatkeun amal soleh dina saaih rajab.
Di antawisna selepas tina ngalaksanakeun anu wajib. maka para ulam nga seeurkeun puasa sunnah.
Sperti puasa senen kamis. Puasa ayyamul bidh bahkan puasa daud.
Saur fara ulama sa dinten puasa dina sasih rojab. Fahalana sami seperti puasa sabulan dina sasih biasa. Perbandingan nana.
Teras deui para ulama langkung giat deui ngaos Al Qur'an kalayan tadzabur makna na.
Konsisten kiamulail.
Anu saterasnaanu di lakukeun ku para ulama nga seeurkeun istighfar srg tobat.
Hadirin.
Para ulama sakitu antusiasna nga hirupkeun sunnah dina sasih rajab. Di mana aranjeuna tangtos faham kana padilahna
Amal aranjeuna parantos seeur kalayan elmuna mumpuni. Bahkan jarang pisan ngalakukeun dosa.
Tapi semangatna luar biasa. Dina ngaraih pahala
Maka kantenan urang. Anu amal ibadah mung sa alakadarna. Bahkan faqir elmu sareng dina sadidinten tara luput tina hilaf sareng dosa.
Maka ieu kedah dijantenkeun momentum kango urang memperbaiki hubungan sareng Alloh SWT.
hayu urang sami-sami maksimalkeun ngamulyakeun ieu sasih. ku ningkatkeun ka taqwaan ka alloh SWT.
BAROKALOHULI WALAKUP PILKURANIL ADZIM. WAN FAANI WA IYAKUM BIMA FIHI MINAL AYAYI WADZIKRIL HAKIM
PATOQOBALAMINI WAMINKUM TILAWATAHU INAHU HUASAMIUL ALIM.
--------------
Setelah khutbah kedua maka silahkan baca doa berikut ini.
عِبَادَ اللهِ، إنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبَى ويَنْهَى عَنِ الفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ.
Terima kasih sudah berkunjung..
Penulis : Erik Nugraha