Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tema Kamulyaan Bulan Rajab

إنَّ الـحَمْدَ لِلّهِ نَـحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ، وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَن لاَّ إِلَهَ إِلاَّ الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُـحَمَّداً عَبْدُهُ
وَرَسُولُه.


اَللهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن

أَمّا بَعْدُ

Paya ayuhal hadirun : usinafsi waiyakum bitaqwalloh paqod pajal mutakun
Qollohu taala :

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا
وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ

Wa Qola Ta Ala:

شَهْرُ رَمَضَا نَ الَّذِيْۤ اُنْزِلَ فِيْهِ الْقُرْاٰ نُ


Hadirin sidang Jumah anu mulya

Langkung ti payun hayu urang sami-sami manjatkeun puji sareng syukur ka Alloh Robbun Gofur. Dzat anu teu liren-liren ngalimpahkeun ni’mat ka urang sadayana, kalebet ni’mat taufik sareng hidayah-Na. Sahingga dina waktos anu mulya ieu, urang sadayana tiasa ngalaksanakeun salah sawios parentah-Na, nyaeta solat Jumat berjamaah.

Solawat sareng salam anu sampurna mugi salamina dicurahkeun ka Panutan Alam, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad saw. oge mugi dicurahkeun ka para sahabatna, para tabi’in, tabi’ tabi’in, dugika urang sadayana salaku umatna.

Mudah-mudahan urang sadayana kenging taufiq hidayah kanggo tumut kana ajaran mantenna kalayan di akherat kenging syafaatna. Amin ya robbal alamin.

Hadirin rohimakumulloh

Sateuacan ngalajengkeun ieu khutbah, sakumaha biasa, khotib seja wasiat khusus ka diri pribadi, umum ka hadirin sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Alloh swt.

Sabab, takwa teh pang hade-hadena bekel urang, terutami bekel mayunan kahirupan lana akherat tea anu disebat alam panjang poe padang nagara tanjung sampurna.

Hadirin rohimakumuloh.

Saah Ayeuna, Allah parantos nganteurkeun urang menuju akhir sasih rojab menuju ka sasih Sya'ban. nyaeta Sasih antara sasih hurum Rajab srg sasih mulya Ramadhan.

Alloh Ta'ala ngadawuh :

Audzubilahiminasaiton nirojim

Ina idata suhuri indalohisna Asaro sahron.

(اِنَّ عِدَّةَ الشُّهُوْرِ عِنْدَ اللّٰهِ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا)

“Saéstuna jumlah bulan di sisi Alloh nyaéta dua belas bulan”. [Quran At-Taubah: 36]

Ieu ngandung hartos yén bulan Sya'ban nyaéta bubuka Ramadhan, dimana kaum muslimin gencar pikeun ngalakukeun srg ningkatkeun amal soleh, ibadah anu paling agung nyaeta puasa wajib.

Aisyah radhiallahu 'anha ngadawuh,

وَمَا رَأَيْتُهُ فِي شَهْرٍ أَكْثَرَ مِنْهُ صِيَامًا فِي شَعْبَان َ

"Kami henteu kantos ningali anjeunna ngalaksanakeun puasa sunnah langkung seueur tibatan (puasa sunnah) dina sasih Sya'ban." [HR. Bukhari jeung Muslim].

Anjeunna ningkatkeun puasa dina bulan Sya'ban dina raraga ngabagéakeun bulan Ramadhan. Posisi puasa Sya'ban dibandingkeun jeung puasa Ramadhan ibarat posisi solat fardhu lima waktu sareng solat sunat.

Pikeun jalma anu hayang ngalaksanakeun solat fardhu, mimitina disarankan pikeun ngalaksanakeun solat sunat sunat. Tujuanana sangkan jiwana siap, kuat, jeung khusyuk nalika ngalaksanakeun solat fardhu.

Mangpaat anu dimeunangkeun ku anjeunna dina ngalaksanakeun shalat fardhu ku cara di awali ku shalat sunat, bakal langkung ageung. Dibandingkeun jeung jalma-jalma anu langsung solat fardhu. Kitu deui puasa dina bulan Sya'ban. Sing saha jalma anu leuwih loba puasa dina bulan Sya'ban samemeh Ramadhan bakal kuat jeung siap jiwana.

Dina kata lain, bahwa sasih syaban mangrupikeun sasih pemanasan pikeun kaum muslimin menyambut ibadah di bulan romadhon.

Ku alatan éta, kaum muslimin kedah usaha pikeun ngeusian poé dina bulan Sya'ban ku puasa sunat.

Malah langkung tinekanan kanu masih gaduh sametan puasa ramadhan taun kamari . Sebisa mungkin anjena ngodo atanapi mayar hutang puasa taun kamari.

Mangka dina bulan Sya'ban urang ogé kedah ngalatih diri pikeun seeur maca Al Qur'an. Maca Al-Qur’an mangrupa hiji hal anu kacida agungna. dina panineungan kaum muslimin ti kalangan para sahabat, tabi’in, tabi’ tabi’in, jeung jalma-jalma anu nuturkeunana.

Para tabi'in nyebat ieu bulan Sya'ban teh. Syahrul Qurra' (bulana para pembaca Al Qur'an). Ieu nunjukkeun persiapan serius aranjena saméméh ngabagéakeun Syahrul Quran (bulan Al Qur'an) nyaeta bulan ramadhan tea.

Sakumaha dawuhan Allah SWT :

Audzubilahiminasaitonirojim.

شَهْرُ رَمَضَا نَ الَّذِيْۤ اُنْزِلَ فِيْهِ الْقُرْاٰ نُ

"(Poé-poé anu tos ditangtukeun nyaéta) bulan Ramadhan, bulan anu diturunkeunana (permulaan) Al Qur'an." [Quran Al-Baqarah: 185]

Hadirin rohimakumuloh

Urang sadayan oge di anjurkeun dina sasih ieu, kanggo ngasucikeun diri, dina rangka menyambut bulan suci. Nyaeta ku seeur memohon ampun srg tobat ka Allah ku sala sawiosna nga seeurkeun istigfar

Sakumaha riwayat abu hurairoh : kami teu Pernah ningali saurang oge anu lewih seeur ti batan rasulululoh SAW Dina ngucapkeun Astagfirulloh wa atubu ilaih. (HR. an nasa'i)

Nabi SAW Parantos ngadawuh:
Hei manusa gera tobat anjeun ka pangeran Aranjeun kabeh srg menta ampun ka mantenNa. Saestuna kami oge. tobat ka Alloh srg mohon ampun ka Alloh teh ungali poe saratus kali ( HR. AN NASAI)


Hadrini rohimakumulloh

Hayu urang Nyiapkeun diri nguatkeun ka takwakan sareng ningkatkeun amal ku seeur maca Al Qur'an. Sareng seeur istigfar Sangkan tarékah jadi kabiasaan jeung nguatkeun sebagai persiapan menyambut sasih Ramadhan.

Barokaluhli walakum


عِبَادَ اللهِ، إنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبَى ويَنْهَى عَنِ الفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ
Lebih baru Lebih lama